Contoh Pidato Bahasa Sunda yang Dapat Dijadikan Referensi

Berita Hari Ini
Menyajikan informasi terkini, terbaru, dan terupdate mulai dari politik, bisnis, selebriti, lifestyle, dan masih banyak lagi.
Konten dari Pengguna
8 Agustus 2020 13:04 WIB
comment
0
sosmed-whatsapp-white
copy-link-circle
more-vertical
Tulisan dari Berita Hari Ini tidak mewakili pandangan dari redaksi kumparan
Berpidato. Foto: Pixabay
zoom-in-whitePerbesar
Berpidato. Foto: Pixabay
ADVERTISEMENT
Dalam bahasa Sunda, pidato disebut sebagai biantara. Secara umum, biantara sama seperti pidato lainnya, yaitu mengungkapkan pesan dan pikiran dengan kata-kata yang ditujukan kepada orang banyak.
ADVERTISEMENT
Pidato tidak harus selalu panjang dan membosankan, tetapi juga bisa disampaikan dengan singkat. Berikut ini beberapa contoh teks pidato dalam bahasa sunda dengan berbagai tema seperti pendidikan, kesehatan, kebersihan, dan perpisahan yang dapat dijadikan referensi.
Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Pendidikan
Sumber: raina.id
Assalamu’alaikum Wr. Wb. Assholatu wassalamu alà asrofil anbiyà’i wal mursalin. Wà’ala alihi wa sahbihi àzma’in. Ammà ba’du.
Ibu Guru pangajàr Basa Sunda anu dipikahormàt ku sim kuring, sareng rerencangan sadaya anu dipikacintà ku sim kuring. Làngkung tipayun, mangga uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kumargi ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa kempel dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad SAW, kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin.
ADVERTISEMENT
Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “Wajib Belajar Pendidikàn Dasar“.
Sàpertos anu ku uràng sadayana kauninga, Pamarentah Indonesià parantos ngagratiskeun biayà pendidikan dasar salapàn taun, nyaeta ti tingkàt SD dugi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku kaayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu benten-benten. Ayà masarakat ànu mampu, aya oge màsarakat anu kirang màmpu. Masarakat ànu mampu mah tos tangtos bakal tiasa sakola kumargi kagungan biaya. Namung, seueur pisan masarakàt Indonesia anu kiràng mampu, anu teu tiasà sakola kumargi teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt Indonesia tiasa ngengingkeun pendidikàn anu layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.
Anu janten tujuàn wirehna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà supados sadaya wargà nagara pàlinter. Bangsà bakal sejahterà upami masarakatnà palinter. Upami masarakàt Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl tiasa ngudàg kana kamajengan nagarà sanesna sareng bakàl kalindes ku kamajengan jaman
ADVERTISEMENT
Ku ayana program wajàr dikdas salapàn taun, dipiharep masarakàt Indonesia tiasà langkung majeng, utaminà dina widang pendidikàn. Ieu progràm pamarentah moàl tiasa kalaksanàkeun upami teu ayà pangrojong ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi ka sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayàna kedah ngarojong kana progràm ieu supados kenging hasil ànu nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hàpunten bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu kirang merenàh kana manàh. Hatur nuhun kàna sadaya perhàtosannana.
Akhirul kalàm, Wabillahitaufik walhidayah Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Kesehatan
Sumber: less-love.blogspot
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh. Wilujeng Enjing hadirin Sadayana ayena.
Bapak Guru, Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan siswa siswi kelas IV nu dipikacinta.
ADVERTISEMENT
Langkung ti payun hayu urang sanggakeun puji sareng sukur urang ka Allah Subhanahu Wata’ala nu parantos masihan nikmatna ka urang sadayana, sapertos nikmat kasehatan oge wakto luang dugi ka tiasa patepang raray di acara ieu. Alhamdulillah urang oge tiasa kempel di tempat ieu dina kaayaan sehat.
Para hadirin anu sim kuring hormati. Dina waktos ieu, sim kuring bade ngadugikeun tema tentang kumaha pentingna hirup bersih oge sehat kanggo kahirupan urang sadayana. Luyu jeung hadis Rasulullah shallallahu ‘alaihiwasallam bahwa kabersihan teh sabagian tina iman. Salaku jalmi anu beriman, tangtuna urang ulah ngalalaworakeun perkara kabersihan. Urang sadayana kedah ngajagi lingkungan oge awak urang sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyawat. Ku margi kitu, urang sadaya kedah ngajalankeun hirup urang sadidinten ku cara nu leres oge sehat. sapertos ibak ngarah awak bersih, ngosok waos nu rutin, meresihan kuku maksial samingon sakali, eta sadaya salah sahiji conto hirup anu sehat. Conto sanesna saperti miceun runtah dina tempatna, ulah nyiduh di mana wae, lamun batuk atawa beresin baham keah ditutupan.
ADVERTISEMENT
Lmun sadidinten urang ngajaga kaberesihan, awak urang bakal beresih tina sagala kokotor ku kitu awak urang jadi sehat.Urang sadaaya kedah resep oge mikacinta kana kabersihan diri oge lingkungan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.
Para Hadirin sadayanu sim kuring dipikahormat. Cekap sakitu nu tiasa sim kuring haturkeun, pamungkas ti sim kuring pribadi, bilih aya kecap anu kirang merenanah larapna atanapi aya basa anu kirang entep seureuhna, mugi para hadirin sadaya kersa ngahapunten.
Hatur nuhun sadayana atas kana sagala perhatosanana. Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sekolah
Sumber: luthfan.com
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Bapa ngucapkeun syukur Alhamdulillah ka Pangeran Nu Maha Kawasa ku ayana hidep geus lulus tina ujian akhir kalawan nilai nu cukup ngagumbirakeun, eta kabeh hasil tina jerih payah aranjeun ngagunakeun waktu pikeun soson diajar. Moal sababaraha lila deui hidep bakal ninggalkeun ieu patempatan, tempat hidep diajar, tempat hidep nyiar elmu, oge sajabana eta hidep tangtu bakal ninggalkeun ibu-bapa guru.
ADVERTISEMENT
Hidep sadayana! Ti bapa amanat keur hidep di mana bae ayana poma ulah dugikeun ka poho kana kawajiban urang salaku manusa, gunakeun hirup hidep eta sahade-hadena, mungpang-meungpeung hidep masih keneh ngora, te’ruskeun nungtut elmu teh nepi ka hidep hasil ngahontal cita-cita anu dimaksud. Malahan jungjunan urang sadaya marentah sangkan terus nyiar elmu pangaweruh sahingga nepi kana liang kubur, nu hartina; salila urang hirup diwajibkeun nungtut elmu pangaweruh, pikeun bekel hirup tur kahirupan urang sarerea. Salah sahiji katerangan hadits Rasulullah SAW. netelakeun kieu.
Kawajiban nyiar elmu teh ti mimiti lesot tina aisan nu jadi indung nepi kana liang kubur. ” Kabagjaan teh hiji hal anu ku sarerea dipikahayang, sagala rupa oge aya jalanna, jalan ka surga nyaeta elmu. Surga tujuan akhir tina sagala kahirupan, surga teh hiji tempat anu pinuh ku kani’matan Pangeran. Pikeun ngaronjatkeun kabagaan surga teh perlu sarana, di antarana taqwa, nyaeta ngalaksanakeun sagala parentahNa jeung ngajauhan sagala anu dilarangNa. Ku taqwa pasti surga bakal kahontal, sabah surga teh disadiakeun pikeun jalma anu taqwa, sakumaha dawuhan Allah dina Al Qur’an sura Ali Imran ayat 133:
ADVERTISEMENT
”Jeung prak maraneh geura paheula-heula ngahontal pangampura Allah jeung surga anu legana sarua jeungpirangpirang langit katut bumi, anu dicawiskeun pikeun jalmajalma anu taraqwa.”
Elmu nu ku hidep katampa masih keneh saeutik, ku sabah kitu teruskeun sakola hidep sangkan hidep jadi jalma anu pinuh ku elmu jembar ku pangabisa. Dawuhan Allah dina Al Qur’an nu hartosna; Bejakeun ku maneh Muhammad lamun mah lautan jadi mangsina (pikeun nuliskeun kalimah-kalimah Allah) pasti bakal beak eta lautan samemeh beak ditulis kalimah-kalimah Allah sanajan ditambah sakitu deui.
Sakitu ti bapa mudah-mudahan jadi bahan peringetan pikeun hidep dimana hidep tangtu bakal paanggang jeung bapaibu guru di dieu, sarta bapa ngadorong ku do’a pikeun hidep sarerea, bral geura miang nyiar luang pikeun bekel kahirupan hidep.
ADVERTISEMENT
Akhirul Kalam, Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Teks Pidato Bahasa Sunda Tentang Kebersihan
Sumber: Brainly.co
Assalamualaikum wr.wb
Puji sareung syukur urang panjatkeun ka Allah swt, sholawat sareung salam urang limpah curahkeun ka jungjunan nabi akhir jaman, nyaeta Nabi Muhammad saw, ku kituna urang sadaya tiasa patepang tuur paamprok jonghok dina ieu acara, ibu /bapa anu ku simkuring di pika hormat, saderek sadaya anu ku simkuring pikacinta, dina ieu rengrengan simkuring bade ngadugikeun biantara ngeunaan kabersihan lingkungan, anu dimana urang sadaya terang yen di lingkungan bersih parantos tangtu sehat ka diri urang sadaya anu nyicingan eta tempat.
Dia cara miara kana ieu lingkungan teh aya 3 paling sautik supados lingkungan tetep bersih jeung sehat nyaeta ngagunakeun teknik dihandap
ADVERTISEMENT
1. Simpan sampah plastik
Maksadna nyaeta, simpen sampah anu parantos diangge teh ulah nepikeun ka di piceun di mana wae.
2. Gunakeun deui eta sampah
Saparantosna disimpen teras di bersihkeun, nah upami tos kitu mah tiasa di gunakeun deui eta sampah plastik teh
3. Daur ulang eta sampah
Dina penelitian sampah plastik teh bisa ancur ku taneuh ku jarak waktu 24 taun, pasti lami ari kitu mah, nah ku kituna tiasa eta sampah teh di daur ulang janten barang rumah tangga anu sanes, janten henteu dimana wae.
Tilu cara di luhur tiasa di gunakeun ku urang sadaya, supados lingkungan urang sehat sareung bersih.
Ku kituna sakitu wae ti simkuring mugia janten manfaat kanggo urang sadaya. Wassalamualaikum wr.wb
ADVERTISEMENT
(FEP)