11 Contoh Sajak Sunda dengan Berbagai Tema

Menyajikan informasi terkini, terbaru, dan terupdate mulai dari politik, bisnis, selebriti, lifestyle, dan masih banyak lagi.
Ā·waktu baca 5 menit
Tulisan dari Berita Hari Ini tidak mewakili pandangan dari redaksi kumparan

Sajak Sunda adalah karya sastra berbentuk puisi yang ditulis dalam bahasa Sunda. Karangan ini mencerminkan hasil pemikiran penulis yang bisa dibuat dalam berbagai tema, mulai dari kehidupan, percintaan, hingga keagamaan.
Gaya bahasa dan diksi yang digunakan dalam Sajak Sunda mirip seperti puisi kontemporer. Terkadang, jenis karangan ini juga menggunakan bahasa kiasan, sindiran, dan ungkapan idiomatik untuk memperindah karya.
Meski cukup populer di kalangan sastrawan Sunda, masih banyak masyarakat awam yang belum mengetahui bentuk Sajak Sunda. Ingin tahu contohnya? Simak informasi lengkapnya lewat artikel berikut.
Contoh Sajak Sunda
Sajak Sunda biasa dimuat dalam materi pembelajaran bahasa Sunda tingkat SMA. Ini jadi cara yang efektif bagi dinas pendidikan terkait untuk melestarikan budaya Sunda di kalangan anak-anak muda.
Sebagai referensi, berikut beberapa contoh Sajak Sunda yang dihimpun dari buku Layung: Antalogi Puisi 3 Bahasa oleh Ykcancer71, Antalogi Puisi Sunda oleh Deri Hudaya, dan sumber lainnya:
1. Lagu Paturay oleh Surachman R. M.
Sora nyawa kari sakesetan napas biola
Ngeleperkeun lagu lumayung hideung
Tengtrem temen anjeun nyangsaya, enung
Luang ka tukang ngulahek nembongan lila
Sakesetan duh sakesetan ti dinya sirna
Mutiara kuring tina watangna
Napas biola nu ngagerihan
Nyekleukna jero tangkeupan
2. Dina Lalangse Hate oleh Ykcancer71
Lir kapas kaibunan
Teu wasa batin nalangsa
Ngangeri digerihan hinis
Nu wasa ngan reumbay cimata
Ambekan berurat
Panasna dada
Cimata nu murubut
Lir sagara bedah nadada
Kudu kuat
Najan taya tangan pangawasa
Narima kadar nu Maha Suci
Leungiteun nu salawasna mirosea
Kiwari tinggal wa asna
Ngingetan alam katukang
Mangsa anjeun mere ungkara
Yen hirup mo salawasna
Sing kuat nahan tunggara
Najan nalangsa
Tetep kudu miboga
Kakuatan iman na jero dada
Baca Juga: Mengenal Tradisi Munggahan yang Dilakukan Menjelang Ramadan
3. Beko oleh Arip Senjaya
Ngeunahna mah dielas
Eta aya nu beulah dina hulu heuras
Bisa oge digurinda
Eta aya nu kasar dina dada
Atawa dibor?
Eta aya nu mangpet dina kolor
Sia sorangan ngeunahna hayang dikumaha
Deuk dirugrugkeun bae make beko
ngarah aing poho?
4. Sajak Keur Bapa oleh Ato Suharto
Bapa..
Bobolokot ku kesang
Sirah dijeun suku
Teu gedag ku rasa hoream
Ikhlas lain reka nu dipulas
Anjeun nyorang harungan
Pikeun kuring sangkan hirup sugema
Bapa..
Anjeun eunteung kahirupan
Ciri sajati lalaki
Anu satia tur tanggung jawab
Kana kodrat pamingpin kulawarga
Bapa..
Kaluhungan anjeun
Dina majuangkeun kulawarga
Warisan nu pohara mahal hargana
Harta eta bakal dimumule
Pikeun wariskeuneun anak incu engke
5. Kemerdikaan oleh Apip Mustopa
Kamerdikaan teh, jang
Jukut ngemploh sisi jalan
Nu teu weleh katincakan
Ku nu resep mabal jalan
Kamerdikaan teh, jang
Jukut ngemploh di sampalan
Dihakanan ingon aburan
Atawa diararitan
Tapi teu weleh parucukan
Kamedikaan teh, jang
Waruga aki-aki nu rangkebong
Dada ngagambang panon celong
Teu ari mikiran hutang
6. Cimol oleh Arip Senjaya
Baheula ku sia cinta diragaji jadi dua
Ci jeung ta jadina kapisah n
Ku sia ci diragaji deui jadi dua
C jeung i jadi kapisah jarak
Basa urang panggih deui di kota
Ceuk rarasaan ta dina ko(ta) eta tina cin(ta) nu baheula
Basa sia jajan cimol di sisieun moll
Ceuk rarasaan sia ci dina (ci)mol eta tina (ci)nta nu baheula
Tapi ti mana datangna moll?
Teu kaburu urang bisa mikiran
Kapisah deui ku jalema-jalema balanjaan
7. Pamayang oleh Rachmat M. Sas. Karana
Bulan imut, ngangkleung di langit
Budak ulin di buruan
Angin darat muru ka laut
Pamayang nyolendang korang
Parahu leutik laju nyiriwik
Nganteur usaha di sagara
Warna perakāna beungeut ombak
Beuteung lauk tingborelak
Nu jadi harepan pikeun kahirupan
Laut lega paparin Pangeran
8. Bongan Kitu oleh Juniarso Ridwan
Bongan kitu disebutna, puguh mega
Dipapay di awang-awang: cek aing angin
Bongan kitu karasana, nyerina raheut
Tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi
Bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina
Ditepungan unggal wayah: cek aing werejit
Bongan kitu pandena, nyarita sorangan
Ditataan di rs jiwa: cek aing eling
Bongan kitu ayana, beda jeung nu lian
Diguliksek dina kamus: cek aing ibadah
Bongan kitu itunganana: Gusti
9. Guru Honor oleh Edi Sutardi
Bangbangkalimalimagobangbang
Bangkong di tengah sawah ... wah
Wahai tukang bajigur ... gur
Guru sakola desa ... sa
Saban poe ngajar ... jar
Jarang hakan ngeunah ... nah
Nasib guru honor ... nor
Noron neureuy ciduh ... duh
Duh, Gusti, cekap sakieu we nya
kakiwahanana bilih panjang teuing
10. Lagu Hirup oleh Eddy D. Iskandar
Unggal poe unggal lengkah
nataan tanggal dina kalender
angger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueung
Dina beja dina carita
teu weleh aya nu miheulaan
warna-warni kajadian. Teu kapireng
da puguh katalimbeng rusiah
Dina sakeclak cimata. Aya kasedih
nu teu kedal. Dina kongkolak
kahirupan. Aya nu miang
teu mulang deui
11. Dosa oleh Apip Mustopa
Datangna teu karasa
Kawas impian janari
Jiga nimat jiga sawarga
Tapi lamun pajar geur peuyar
Karasa diri leuwih rucah manan meri
Inget ka basisir tempat balabuh
Di mana layar geus rapuh
Dosa
Leuwih amis manan anggur
Mun seug nembag dada nu diabur
Tapi di mana tumiba lara
Kaduhung poe make ditundung
Duh gusti
Najan ka mana nya indit
Dosa teu weleh ngukuntit.
Artinya:
Itu tidak datang
Seperti mimpi tentang makanan
Ini seperti surga
Tapi jika sulit di belakang
Aku merasa seperti aku lebih bangga pada diriku sendiri
Ingat pantai dimana pantai itu berada
Dimana layarnya rapuh
Dosa
Lebih manis dari anggur
Jika Anda memukul dada yang berserakan
Tapi mana yang sakite
Aku menyesali hari aku hamil
Ya Tuhan
Tidak peduli ke mana dia pergi
Adalah dosa untuk tidak menguntit.
(NSF)
