2 Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda yang Penuh Makna

Menyajikan informasi terkini, terbaru, dan terupdate mulai dari politik, bisnis, selebriti, lifestyle, dan masih banyak lagi.
·waktu baca 11 menit
Tulisan dari Berita Hari Ini tidak mewakili pandangan dari redaksi kumparan

Khutbah menjadi salah satu rangkaian penting dalam ibadah salat Idul Adha. Melalui khutbah, khatib mengajak jemaah memahami makna ibadah kurban, keikhlasan, serta keteladanan Nabi Ibrahim AS dan Nabi Ismail AS.
Agar pesan-pesan dalam khutbah lebih diterima oleh jemaah, khatib dapat menggunakan bahasa yang disesuaikan dengan bahasa sehari-hari jemaah, seperti bahasa Sunda. Penggunaan bahasa daerah juga cenderung membuat pesan dapat dipahami dengan mudah oleh jemaah.
Bagi Anda yang butuh referensi untuk menyiapkan materi khutbah Idul Adha bahasa Sunda, simak beberapa contohnya dalam artikel berikut.
Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda
Berikut ini beberapa contoh khutbah Idul Adha bahasa Sunda yang bisa Anda jadikan referensi:
1. Nabi Ibrahim Tuladan Sapanjang Jaman
Khutbah I
اللهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ وَلِلَّهِ
الحَمْدُ
الحَمْدُ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِ اللَّهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ . وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ . أَشْهَدُ أَنْ لا إلهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لا شَرِيكَ لَهُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ : وَرَسُوْلُهُ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلَّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ هَذَا الرَّسُوْلِ الْكَرِيمِ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللَّهِ ، أُصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللَّهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ
Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahil-hamd.
Jamaah Sholat Idul Adha rahimakumullaah
Idul Adha, waktos kabagjaan sareng kabungahan pikeun urang sadaya kaum muslimin sarta mukminin, mangka ti éta hayu urang sami-sami ronjatkeun iman sarta taqwa ka Gusti Allah shallallahu 'alaihi wasallam kalawan sasaé-saéna iman sareng taqwa, urang jalankeun paréntah Allah sareng tebihan sadaya larangan Anjeunna kalawan sekuat-kuatna.
Mugi-mugi Allah nungtun urang sadaya kalawan hidayah-Na, supados urang salawasna tiasa syukuran kana sagala nikmat-Na, supados urang tiasa aya dina sangka saé sarta tiasa ngalakonan kasaéan anu diparéntahkeun ku Anjeunna.
Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahil-hamd.
Dina hiji mangsa, Nabi Ibrahim sareng putrana Nabi Ismail nuju sawala badami kalawan nyaah sakumaha dawuhan Allah dina al-Quran Serat As-Saffat ayat 102:
فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ قَالَ يٰبُنَيَّ اِنِّيْٓ اَرٰى فِى الْمَنَامِ اَنِّيْٓ اَذْبَحُكَ فَانْظُرْ مَاذَا تَرٰىۗ قَالَ يٰٓاَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُۖ سَتَجِدُنِيْٓ اِنْ شَاۤءَ اللّٰهُ مِنَ الصّٰبِرِيْنَ ١٠٢
“Hé anaking, kaula pisan ngimpén yén kuring meuncit anjeun, kumaha pandangan anjeun?”
Gusti Allah miwarang Nabi Ibrahim pikeun ngorbankeun putrana anu dipikadeudeuh ku anjeunna.
Hadirin Jamaah Shalat Idul Adha rahimakumullaah,
Mangga bayangkeun, putra anu kacida bakti ka sepuh, anu diantos-antos jumeneng-babarna sarta ngurusna anu butuh pangorbanan, tungtungna kedah dipeuncit. kumaha ieu urusanna?
Di hiji lengkob anu teu aya tutuwuhan sarta jalmi, nu ayeuna dilandih Makkah Mukarramah Allah ngahadirkeun kajantenan sajarah sapanjang zaman, pangorbanan Siti Hajar lulumpatan ti Shafa ka Marwah 7x dugi mancur kaluar Zamzam sarta Nabi Ibrahim meuncit kurban.
Putra anu sholeh ti Nabi anu mulia jembar manah, nampi paréntahan Gusti Allah ngalangkungan bapakna.
Nabi Ibrahim sareng Nabi Ismail janten eunteung hadé, conto sapanjang zaman, teladan umat. Aranjeunna junun ngahontal kabagjaan kusabab ngalakonan ujian Gusti Allah kalawan pasrah sumerah. Nabi Ibrahim nyalametkeun tauhid na kalawan ngorbankeun tresna cinta ka putrana. Ogé Nabi Ismail bagja ngabuktoskeun kamurnian pangkat hamba Gusti Allah anu sholeh sarta anak anu bakti ka sepuh.
Allah ngagero Nabi Ibrahim sarta ngaganjar kahadéan, margi parantos ngalaksanakeun parentah-Na. Basa sadugna meuncit, Allah ngagentos langsung Nabi Ismail kalawan sato kurban anu ageung. Allah ogé parantos ngaabadikeun pangaleman-Na anu saé kanggo Nabi Ibrahim dugi ka ahir jaman.
Pasrah sumerah ti Nabi Ibrahim conto teladan umat, kulawargi anu saling mikanyaah kalawan cinta, sarta hubungan anu diwangun kalawan kaimanan ka Gusti Allah ngababarkeun kaifi yat atanapi prakték ibadah anu ngandung ibrah kahadéan sapanjang jaman.
Idul Adha atanapi Lebaran Kurban janten prosés ibadah dina agama Islam anu mupus batas pamisah antawis si beunghar sareng si malarat, ngajembarkeun kanyaah ngabagi-bagikeun daging kurban ka papada umat. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi, yén Kurban téh janten amal anu dipikacinta ku Gusti Allah di poéan nahar kaping 10 Dzulhijjah, ngabersihan jiwa sarta wasilah ngareketkeun diri ka Gusti Allah.
Kabagjaan pikeun aranjeun anu dinten ieu kurban, kabagjaan pikeun aranjeun anu ngorbankeun naon waé hal anu dipikacinta pikeun ngabuktoskeun cinta ka Gusti Allah, kurban nyaéta buktos cinta sarta takwa aranjeun ka Gusti Allah Pangeran sadaya alam.
Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahil-hamd.
Ti kawit sajarah kurban, urang tiasa diajar nuwuhkeun husnudon ka Gusti Allah. Yén Nabi Ibrahim milampah paréntah Allah kalawan iman anu kiat tiasa ngajagi prasangka hade ka Gusti Allah.
Saprak anjeunna ngantunkeun Siti Hajar sarta Nabi Ismail di lengkob anu keupat teu aya jalmi pisan, anu anjeunna lakonan kur saukur yakin pasrah sumerah ka Gusti Allah sarta ngayakinkeun bojona yén Allah bakal maparinan kahadéan kalawan du’a.
Sabab husnudon billah, prasangka hadé ka Gusti Allah, pungkasna kulawargi Nabi Ibrahim janten tuladan umat sapanjang jaman, ngalungsurkeun kanyaah Gusti Allah ka umat manusa di bumi ngalangkungan cai Zamzam anu suci, ngalir dugi ka ayeuna ayana.
Saparantosna, kalawan husnudon billah, prasangka hadé ka Gusti, Nabi Ibrahim anu kersa ngorbankeun putrana anu dipikadeudeuh janten sabab Gusti Allah ngalungsurkeun welas asih-Na, ngagentos Ismail janten gibas anu ageung, ngajantenkeun kurban ibadah anu kacida ageung ogé mangpaatna pikeun urang sadaya dugi ka ayeuna.
Para hadirin jamaah shalat Idul Adha rahimakumullah,
Naha urang tiasa nyonto sarta tumut ka Kanjeng Nabi Ibrahim dina yakin sarta sangki hadéna ka Gusti Allah?
Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar wa lillahil-hamd.
Yén nalika kahirupan urang sadaya aya dina kasusahan, mancen tugas sareng ujian ti Gusti Allah, tangtu urang kudu nguatkeun kayakinan hadé ka Gusti, yén Gusti parantos nyayagikeun kasenangan, solusi sareng kabungah.
Mung, saratna urang kedah nyiapkeun katakwaan sareng kaimanan. Oge salian ti kabungah sareng kagampangan, kalawan takwa, Allah parantos nyiapkeun konci solusi pikeun sagala papastén sareng masalah anu dikersakeun ku Anjeunna, sarta limpahan rejeki anu moal tiasa disangki dongkapna.
Khutbah II
اللهُ أَكْبَرُ، اللهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ،
اللهُ أَكْبَرْ كبيرا وَالْحَمْدُ للهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللهُ بُكْرَةً وَأَصْيْلاً . لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ وَاللَّهُ أَكْبَرُ اللَّهُ أَكْبَرُ وَاللهِ الحَمْدُ
الْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، أَرْسَلَهُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِينَ، اللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِينَ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي كِتَابِهِ الْكَرِيمِ : يَا أَيُّهَا النَّاسُ اعْبُدُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ وَالَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ وَقَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : اتَّقِ اللَّهَ حَيْثُمَا كُنْتَ وَأَتَّبِعِ السَّيِّئَةَ الْحَسَنَةَ تَمْحُهَا وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ.
اللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِينَ وَالمُؤْمِنَاتِ وَالمُسْلِمِينَ وَالمُسْلِمَاتِ الأَحْيَاءُ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيعٌ قَرِيبٌ مُجِيبُ الدَّعَوَاتُ
اللَّهُمَّ ارْضَ عَنِ الْخُلَفَاءِ الرَّاشِدِينَ وَعَنْ جَمِيعِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِينَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، اَللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلًا وَيَقِيْنَا صَادِقًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَتَوْبَةً نَصُوْحًا، اللَّهُمَّ أَصْلِحِ الرُعَاةَ وَالرَّعِيَّةَ وَاجْعَلْ إِنْدُوْنِيْسِيَّا وَدِيَارَ الْمُسْلِمِينَ آمِنَةً، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
عِبَادَ اللَّهِ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللَّهِ فِي السِّرِّ وَالْعَلَنِ وَجَانِبُوا الْفَوَاحِشَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، إِنَّ اللَّهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيتَاءِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، وَلَذِكْرُ اللَّهِ أَكْبَرُ، اللَّهُ أَكْبَرُ واللَّهِ الْحَمْدُ
Sumber: Buku Materi Khutbah Idul Adha Edisi Bahasa Sunda: Nabi Ibrahim Tauladan Sapanjang Jaman oleh Abdillah Musthafa, S.Sos.
2. Kautamaan Qurban Pikeun Jalma Beriman
Khutbah I
السَّلَامُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
اللهُ أَكْبَر و اللهُ أَكْبَرَ كَبِيرًا وَالْحَمْدُ للهِ الْجَلَالِ وَالإِكْرَامُ الَّذِي هَدَانَا إِلَى الْإِيْمَانِ وَالْإِسْلَامِ وَأَمَرَ نَا بِشَرِيعَةُ نُسُكِ الْحَقِّ إِلَى الْبَيْتِ الْحَرَامِ أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا للهِ الْمَلِكُ الْعَلَامَ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدٌ اعَبْدُهُ وَرَسُولُهُ سَيِّدُ الْأَنَامِ، وَأُصَلِّي وَأُسَلِمُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِينَ. اما بعد} فَيَا إِخْوَانِي رَحِمَكُمُ اللهِ أَوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فِي جميعِ الْحَالِ وَالْأَيَّامِ وَإِذَا قُرِ نَالْقُرْآنِ فَاسْتَمِعُوا لَهُ وَلَنصِتُوا لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّحِيمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ إِنَّا أَعْطَيْنَا كَالْكَوْثَرِ. فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَر
Ma'asyiral Muslimin wa Zumrotal Mukminin Rahimakumulloh!
Puji syukur kasanggakeun ka Allah SWT, anu masih maparinan limpahan nikmat-Na ka urang sadayana. Jeung diantara limpahan nikmat kasebat nyaeta nikmat Panjang umur jeung nikmat kesehatan. leu mangrupakeun nikmat anu kacida ageungna anu dipaparinkeun ku Allah SWT. Urang sadayana yakin jeung percaya tanpa ayana dua nikmat ieu, urang pasti moal mampu ngalengkahkeun sampean ngayunkeun panangan datang ka tempat ieu pikeun bersujud ka Allah SWT. Maka, salagi Allah SWT maparinan dua nikmat ieu ka urang sadayana, maka poma ulah dilalaworakeun, manfaatkeun umur jeung kasehatan pikeun ningkatkeun ibadah ka Allah SWT. Sholawat sinareng salam salam mugia diwuwuhkeun ka Baginda Nabi Agung Muhammad Rasulullah Saw.
Ma'asyiral Muslimin wa Zumrotal Mukminin Rahimakumulloh!
Wujud tina rasa syukur kana sagala nikmat anu atos dipaparinkeun ku Allah, nyaeta ku cara taqwa ka Allah SWT nyaeta ngajalankeun sagala anu di parentahkeun ku Allah sarta nebihan sagala larangan nana. Saterasna dina ngajalankeun sagala parentah Na, kedah disarengan ku kaimanan kuat, yen teuaya hiji oge anu berhak disembah kecuali Allah SWT. Saterasna oge dituturkeun ku rasa diawasi ku Allah, sahingga diri ngarasa era nalika urang hoream ngajalankeun sagala anu diparintahkeun ku Allah SWT. Saterusna kudu aya rasa sieun ku Allah, sabab di balik parentah kasebat, pasti aya anu bakal ditibakeun nalika urang ngarasa hoream ngajalankeun eta parentah.
Ma'asyiral Muslimin wa Zumrotal Mukminin Rahimakumulloh!
Lamun katakwaan ieu geus nanceb tur ngadarah daging dina diri urang, maka yakin kana janji Allah, anu bakal maparin kana kaluasan jeung kaberkahan rezeki, kagampangan dina sagala urusan. Sarta jalan kaluar atawa kamudahan dina sagala persoalan kahirupan, bakal dipaparinkeun ka jalma anu taqwa.
Ma'asyiral Muslimin wa Zumrotal Mukminin Rahimakumulloh!
Alhamdulillah Allah SWT mendakeun deui urang sadayana sareng dintenan 'Idul Adha atawa dina istilah sanes disebat udhiyah anu hartosna ingon ingon anu dipeuncit dina dintenan Idul Adha. Dina dinten Idul Adha dipencit hayawan qurban anu dilaksanakeun ku urang sadaya sebagai wujud rasa syukur urang sadayana ka Allah SWT, anu tos maparinan kanikmatan anu sakitu seuerna, anu prak prakan nana dikawitan ku shalat dua rokaat anu tos dipidamel tadi.
Salian dalil Al-Qur'an saperti anu disebutkeun diluhur, tata pelaksanaan ibadah qurban oge didadasaran ku hadits ti Rasulullah. Bahkan salah sawios tina haditsna maparin peringatan pikeun urang sadayana anu ngarasa berat atawa hoream ngalaksanakeun ibadah qurban.
Kusabab kitu Khatib umajak ka sadayana, lamun saat ayeuna urang teuacan mampu pikeun berqurban, maka saba'da ieu urang ngawitan nganiatan, jeung `ngabuleudkeun patekadan urang sadayana, pikeun ngalaksanakeun qurban dina tahun nu bakal datang. Urang kudu maksakeun jeung nargetkeun supaya dina magsa ka payun tiasa berqurban. Lamun teu biasa kontan nabung. Sabab Qurban mangrupakeun ibadah ibadah anu kalintang dipikacintana ku Allah SWT.
Siti Aisyah radiallohu 'anha nyanggemkeun yen Rasulullah Muhammad sallallohu'alaihi wasallam sumanggem, Yen "Teuaya padamelan saurang anak Adam as, anu paling di pikacinta ku Allah SWT, dina poe nahr kajaba ngocorkeun getih (mencit hayawan qurban). Hayawan eta jaga dina poe kiamat bakal datang jeung tandukna, rambut jeung buluna. Jeung getih eta di sisi Allah SWT netes dihiji tempat samemeh netes kana taneuh. (HR. Tirmizy 1493 dan Ibnu Majah 3126).
Selina ti eta, ibadah qurban kaasup atawa mangrupakeun ibadah anu utama sarta ngandung kahadean anu kacida poharana.
Maka hal jalma jalma anu airman sing yakin ibadah qurban anu kuurang dilasanakeun, moal ngajadikeun urang rugi. Sabab Allah pasti mere balesan kahadean sarta kasalametan jeung kaberkahan pikeun urang sadayana anu teu weleh ngajalankeun sagala rupa anu diparentahkeun.
Hadirin hari raya Idul Adha hadir deui keur jadi pangemut ngemut kacida luhurna nilai ibadah haji jeung ibadah qurban anu pinuh ku Pelajaran kesetiakawanan, ukhuwwah, pengorbanan jeung ngaheulakeun kapentingan jeung kamaslahatan jalma sejen. Mudah mudahan bakal lahir kapayun jalma jalma, ti Indonesia tercinta, Generasi anu boga semangat berkorban pikeun kapentingan Masyarakat, Bangsa, nagara Indonesia jeung kapentingan agama.
Sarta mudah mudahan Allah SWT sapapaosna maparin taufik, hidayah, inayah sarta ampunan tina sagala kasalahan urang sadayana.
أَعُوْذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّحِيمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ إِنَّا أَعْطَيْنَا كَالْكَوْثَرِ. فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ . إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَرُ . جَعَلَنَا اللهُ وَإِيَّاكُمْ مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِينَ. وَأَدْخَلَنَا وَإِيَّاكُمْ مِنْ عِبَادِهِ الصَّالِحِينَ. وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَأَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِينَ.
Khutbah II
اللهُ أَكْبَرُ 7 x .. اللهُ أَكْبَرُ كَبِيرًا وَالْحَمْدُ لِلَّهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً. أَعْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لا شَرِيكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِينَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلَّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٌ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الَّذِيْنِ أَمَّا بَعْدُ. فَيَا عِبَادَ اللهِ .. اتَّقَوْا اللهَ فِيمَا أَمَرَ، وَاعْلَمُوا أَنَّ اللهَ تَعَالَى صَلَّى عَلَى نَبِيْهِ قَدِيمًا: إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ. يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا. أَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلَّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيمَ فِي الْعَالَمِينَ إِنَّكَ حَمِيدٌ مَجِيدٌ.
اللَّهمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِينَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِينَ وَالْمُسْلِمَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ. اللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِينَنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَةٌ أَمْرِنَا وَأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا الَّتِي فِيهَا مَعَاهُنَا وَأَصْلِحْ لنا آخِرَتَنَا الَّتِي فِيهَا مَعَادُنا وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لنا فِي كُلِّ خَيْرٍ وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لنا مِنْ كُلِّ شَيْ: اللهمَّ أَعِزَّ الاسلام والمسلمين وَأَدِلَّ الشَّرْكَ والمشركين وَدَمرْ أَعْدَاءَ الدِّينِ وَاجْعَلْ دَائِرَةَ السَّوْءِ عَلَيْهِمْ يا ربَّ العالمين. اللهمَّ ارْزُقْنَا الصَّبْرَ عَلى الحَقِّ وَالثَّبَاتَ ، يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِينَ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةٌ وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةٌ وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ ، وصَلِّ اللهمَّ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُولِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلَّمْ وَالْحَمْدُ
اللهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ اللهُ أَكْبَرُ 3 × ... وَلِلَّهِ الْحَمْدِ
Sumber: Dokumen Seri Bahasa Sunda Kautamaan Qurban Pikeun Jalma Beriman oleh Seksi Bimas Islam Kementerian Agama Kantor Kabupaten Sumedang
Baca Juga: 3 Bacaan Bilal Idul Adha yang Perlu Diketahui Umat Islam
(NSF)
