Konten dari Pengguna

3 Sambutan Ketua Panitia Maulid Bahasa Sunda yang Singkat dan Berkesan

comment
0
sosmed-whatsapp-white
copy-circle
more-vertical

Tulisan dari Berita Hari Ini tidak mewakili pandangan dari redaksi kumparan

Ilustrasi acara Maulid Nabi Muhammad SAW. Foto: Unsplash
zoom-in-whitePerbesar
Ilustrasi acara Maulid Nabi Muhammad SAW. Foto: Unsplash

Dalam rangka memperingati Maulid Nabi Muhammad SAW, umat Islam kerap menggelar berbagai kegiatan keagamaan di sekolah maupun lingkungan masyarakat. Rangkaian acaranya dapat berupa tahlilan, ceramah agama, hingga penampilan seni dari anak-anak.

Acara biasanya dibuka dengan sambutan ketua panitia. Bahasa yang digunakan dapat disesuaikan dengan lingkungan setempat, misalnya bahasa Sunda. Jika butuh referensi sambutan Ketua Panitia dalam bahasa Sunda, simak beberapa contohnya di bawah ini.

Contoh Sambutan Ketua Panitia Maulid Bahasa Sunda

Ilustrasi contoh sambutan Ketua Panitia bahasa Sunda. Foto: Unsplash

Sambutan Ketua Panitia Maulid Nabi dapat dibuka dengan salam, lalu ucapan syukur dan terima kasih, untuk pihak yang telah mendukung acara. Berikut beberapa contoh sambutan Ketua Panitia dalam bahasa Sunda yang bisa jadi referensi.

Contoh Sambutan #1

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Hadirin rahimakumullah, ibu-ibu anu ku sim kuring dipihormat. Mudah-mudahan ku Allah dimulyakeun.

Langkung tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah nu Robbul Ghofur. Sholawat sareng salam mugia salamina dilimpahkeun ka panutan alam, nya éta Habibana wa Nabiyana Muhammad SAW. Teu kantun ka kulawargana, ka para sahabatna, ka tabi'inna, kalebet ka urang sadayana anu janten umat Nabi akhir jaman. Mudah-mudahan urang sadaya kénging syafaatna di Yaumil Kiamah. Amin ya Rabbal 'alamin.

Mangga hayu urang ngaoskeun solawat, hadirin kaum muslimin wal muslimat rahimakumullah.

Sim kuring atas nami kulawarga Majelis Ta'lim [....] atanapi rengrengan kapamitiaan, teu aya sanes bade ngahaturkeun nuhun ka ibu-ibu anu parantos hadir di ieu tempat dina raraga ta'dziiman watakriiman memperingati Maulidna Kanjeng Nabi Muhammad SAW.

Salajengna, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka warga masyarakat anu parantos ngiring ngabantosan kana ieu acara, boh harta maupun tanaga. Sareng emutanana, sim abdi yakin atas dorongan ti sadayana ieu tiasa terlaksana. Atuh pangapunten sim kuring atas nami Ketua Panitia teu tiasa masihan imbal balikna. Rupina ku sim kuring bade disanggakeun waé ka Gusti Allah. Mudah-mudahan Allah ngabales ku berlipat ganda. Amin ya Rabbal 'alamin.

Rupina sakitu anu tiasa disanggakeun ti sim kuring atas nami penyelenggara. Atuh kirang sareng langkungna, hapunten anu kasuhun. Wabillahi taufik walhidayah.

Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

  • (Sumber: Unggahan Scribd berjudul Sambutan Maulid dalam Bahasa Sunda oleh Ariswandi)

Contoh Sambutan #2

Assalammualaikum Wr. Wb.

Anu ku pribados dipihormat para 'alim ulama, para ustadz, tokoh masyarakat wabil khusus pangersa Al-Mukarrom Bapak anu insya Alloh baris maparinan taushiyah ka urang sadayana dina ieu waktos.

Anu ku pribados dipihormat Bapak Ketua [......], Bapak....... sinareng rengrengan.

Anu ku pribados dipihormat Bapak Ketua Panitia penyelenggara acara Ta'dziiman watakriiman Maulid Nabi Muhammad SAW tahun 1446 H Bapak ... sinareng rengrengan.

Sareng teu kakantun Bapak/Ibu Hadirin anu insya Alloh dimulyakeun ku gusti Alloh Swt.

Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puja ka Dzat anu Maha kawasa Allah 'Azza wajalla, puji ka Dzat anu Maha suci Alloh Robbul 'izzati, sinareng syukur ka Dzat anu Maha luhur Allah Robbul Ghofuur, kalayan ku rohmat sinareng karunia mantenna, Alhamdulillah urang sadayana masih dipaparinan jatah yuswa sinareng sehatna, sahingga urang sadayana tiasa riung mungpulung, patepung lawung, patepang wajah, oge paamprok jonghok dina ieu waktos dina raraga ngaraketkeun tali shilaturahmi sareng tholabul 'ilmi ngalangkungan acara Ta'dziiman watakriiman maulidna kangjeng Nabi Muhammad Saw tahun 1446 H, mugia ieu acara sing janten wasilah kangge lumungsuma rohmat, maghfiroh, taufik sinareng hidayah tur kaberkahan ti gusti Alloh SWT mungguh kangge urang sadayana. Aamiin YRA.

Sholawat sinareng salam mugia salamina dilimpahcurahkeun ka panutan urang sadayana habibana wa nabiyyana kangjeng Nabi Muhammad SAW. Kasadaya kulawargina, ka para sahabatna, tug mugi dugi ka urang sadayana salaku umatna anu salamina mituhu, miconto tur micinta kana ajaran mantenna ilaa yaumil qiyamah. Aamiin YRA.

Wassalammualaikum Wr. Wb.

  • (Sumber: Unggahan Scribd Teks Maulid Nabi Bahasa Sunda oleh Annisa Nurhidayanti)

Contoh Sambutan #3

Assalamualaikum wr. wb.

Para hadirin, saderek sadaya anu di mulyaken ku gusti Allah ta'ala. Para alim ulama, para ktat, bapak kuwu sareng pamong desana.

Langkung tipayun, hayu urang panjatken pujt sinareng syukur ka Gusti nu maha suci, dimana anu tos maparingan ka urang sadaya sagala kanikmatannana, terutami nikmat Iman sareng islam kaurang sadaya.

Sholawat sinareng salam urang sami-sami panjatken ka jungjungan urang nabi Muhammad SAW, nu tos nyandak urang sadaya kana jalan kaleresan.

Salajengna, sim kuring ngawakilan (...) ngahaturken nuhun ka para saderek sadaya nu tos tlasa sumping rurumpahen di masjid teu, piken nyomponan uleman dina raraga Maulid Nabi Muhammad SAW, mugi kasumpingan bapak sadayana nyandak kaberkahan kanggo urang sadayana, amin.

Teu hilap sim kuring ngahaturken rewe rewu nuhun laksa kabingahan ka para tatanggt, para dermawan, nu tos sami sami ngarojong, ngabantos moral, atanapi materilna, terutami nu tos ngabantos mangrupi jamuan, Janten acara maulid nabi tiasa dilakasanaken di mesjid leu.

Sateuacan nincak kana acara pokok, sim kuring nuhunkeun dihapunten, ka para undangan sadayana bilth dina panghormatan, sajtan, atanapi leetennana kirang mernah kana manah, kirang cocok kana hate, da mung sakteu ayana.

Cekap ngan sakitu wae anu tiasa ku sim kuring tepikeun, wasaslamualaaikum wr. wb.

  • (Sumber: Unggahan Scribd berjudul Teks MC Maulid Nabi Bahasa Sunda oleh Heri Nugraha)

Baca juga: Apakah Besok 25 Agustus 2026 Libur? Cek Informasi Lengkapnya di Sini

(RK)