6 Dongeng Sunda Sasatoan yang Bisa Dijadikan Referensi Bacaan

Menyajikan beragam informasi terbaru, terkini dan mengedukasi.
·waktu baca 10 menit
Tulisan dari Kabar Harian tidak mewakili pandangan dari redaksi kumparan

Dongeng Sunda sasatoan adalah dongeng berbahasa Sunda yang mengisahkan tentang cerita hewan. Dalam bahasa Indonesia, jenis dongeng ini disebut juga sebagai fabel.
Dongeng Sunda sasatoan berisi cerita fiktif tentang hewan yang berperilaku menyerupai manusia. Dongeng ini dibuat untuk menyampaikan pesan-pesan baik kepada pembaca, khususnya anak-anak.
Biasanya, nilai yang terkandung dalam dongeng Sunda sasatoan adalah mengenai pertemanan, persahabatan, dan kekeluargaan. Lewat dongeng ini, anak-anak bisa mempelajari sikap saling menyayangi, toleransi, dan masih banyak lagi.
Ada banyak jenis dongeng Sunda sasatoan yang bisa dijadikan referensi bacaan anak-anak. Simak ragamnya dalam artikel berikut ini.
Ragam Dongeng Sunda Sasatoan
Pada dasarnya, dongeng adalah cerita khayalan yang dibuat untuk memberikan contoh dan pesan-pesan baik kepada pembaca. Mengutip buku Pembelajaran Kreatif Bahasa Indonesia karya Heru Kurniawan, dongeng bisa berisi cerita menakjubkan tentang hewan, kerajaan, benda-benda, raksasa, dan lain sebagainya.
Dongeng Sunda sasatoan mirip seperti fabel. Perbedaannya hanya terletak pada bahasa yang digunakan. Dirangkum dari berbagai sumber, berikut ini ragam dongeng Sunda sasatoan yang bisa dijadikan referensi bacaan:
1. Entog Emas
Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog, hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah teu boga dulur-baraya, malih garwa mah.
Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah teh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun di buruan gubuk teh, tara aya hariwangan.
Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran, “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ . Mang Julin teh dahar ngan jeung uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru imah.
Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, manehna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen cahya nu kacida serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna endog emas.
Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog emas, emas murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna.
Poe kadua, kitu deui, entogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe, sakadang entog teh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar. Manehna geus boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna nu mucekil. Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin.
Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog pikeun mawa endog emas pira hiji teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah emasna kabeh kaluar, jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog.
Ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak dipake kabutuhan sapopoena.
Sumber: Piwuruk Basa: Basa Sunda karangan Suhaya, S.I.P., M.Pd.
2. Lutung Kasarung
Dina jaman kapungkur, di tatar pasundan aya hiji karajaan anu di pimpin ku saurang raja anu wijaksana, namina nyaeta Prabu Tapak Agung. Prabu Tapak Agung ngagaduhan dua anak awewe anu geulis, namina Purbararang sarta adi na Purbasari.
Dina wanci ngadeukeutan ahir hayatnya, raja Prabu Tapak Agung nunjuk Purbasari, putri bungsu na pikeun nga gentosan jabatana. “Abdi atos sepuh teuing, waktuna abdi turun tahta,” ceuk raja Prabu.
Lamun, dilain sisi Purbararang, nu mangrupakeun kakana purbasari manehna henteu satuju adina diangkat ngagantikeun Bapana. “Abdi putri anu kedah bapa pilih, kuduna abdi anu ngagantikeuna,” ceuk Purbararang naroskeun ka tunangan na, nu namina Indrajaya.
Ku sabab sirik, purbararang teras ngagaduhan niat jore ka purbasari. Manehna manggihan saurang nini sihir kanggo nyilakakeun Purbasari. Nini sihir eta nyieun Purbasari kulitna barobah jadi kaayaan totol-totol hideung.
Saentos kitu, Purbararang janten gaduh alesan kanggo ngusir kakana. “Jalma anu dikutuk sepertos maneh, henteu pantes jadi saurang Ratu!” ceuk Purbararang.
Saterusna, manehna nitah saurang Patih kanggo ngasingkeun Purbasari ka hiji leuweung. Satepina di leuweung, patih eta ngarasa karunyaeun ka purbasari, sarta anjeuna mangnyieun keun hiji pondok kanggo Purbasari.
Anjeuna oge masihan nasehat ka Purbasari,“Sing Tabah Tuan Putri. Cocobi ieu tangtos pasti lekasan, Anu Maha Kawasa sareng Putri”. “Hatur nuhun.” bales Purbasari.
Salila di leuweung, purbasari ngagaduhan seueur rerencangan nu mangrupakeun sasatoan anu balalager ka manehna. Diantara sasatoan, aya hiji monyet anu buluan hideung nu misterius namina nyeta lutung kasarung.
Nanging, monyet eta anu manawi paling perhatian ka Purbasari. Lutung kasarung terus ngahibur Purbasari, masihan kekembangan anu endah sarta buah-buahan.
Dina wanci onggal wengi, di bulan purnama. Lutung Kasarung mapah ka tempat anu sepi teras anjeuna ngalakukeun semedi. Manehna menta hiji hal ka Dewata. Ieu ngabuktikeun yen Lutung Kasarung teh sanes makhluk biasa.
Dina semedi eta, taneuh nu aya di dekeut Lutung kasarung barobah jadi hiji telaga alit, cai na herang kacidaan. Cai na ngandung ubar anu seungit pisan.
Enjing poena, Lutung Kasarung manggihan Purbasari sarta nitah purbasari ibak di telaga eta. “Naon mangpaatna pikeun abdi?” pikir Purbasari.
Nangging, anjeuna nurutkeun wae. Teu lami sanggeus manehna nyeburkeun awakna. Kulitna barobah jadi bersih sarta geulis sepertos harita deui. Purbasari rewas pisan dicampur ku hawa atoh sabot manehna ngaca ditelaga eta, kulitna bisa mulus deui.
Dina wartos lain di karajaan, Purbararang mutuskeun bade ningali kakana nu aya di leuweung. Manehna mangkat sareng tunangana indrajaya sarta para pangawalna.
Satepina di hutan, purbararang manggihan adinya si purbasari. Purbararang teu percaya ningali adina tiasa jadi geulis deui kos harita.
Purbararang embungen eleh, teras anjeuna ngajak Purbasari nitah ngadu papanjang-panjang buuk. “Saha anu paling panjang buukna, manehna anu menang!” Saur Purbararang.
Mimitina Purbasari alimeun, nanging purbararang teras-terasan ngadesek. Nah pas ditingali, buuk Purbasari malah nu lewih panjang ti purbararang.
“Kajeun ayena abdi eleh, nanging ayeuna hayu urang paganteng-ganteng tunangan, tah ieu tunangan abdi," saur Purbararang sabari nyampeurkeun ka Indrajaya. Purbasari mimitina gelisah da lantaran kabingungan.
Ahirna, purbasari narik panangan Lutung Kasarung. Lutung Kasarung ajol-ajolan kawas mangmenangkeun Purbasari. Purbararang seuri nyalakatak ngabahak-bahak. “Jadi monyet eta tunangan maneh?” Saur purbararang.
Dina wanci eta oge, Lutung Kasarung teras geura semedi sakedap, sarta lumangsung barobah jadi lalaki anu ganteng kacidaan, lewih-lewih ganteng ti Indrajaya.
Sadaya nu aya didinya rewasen ningali kajadian eta. Purbararang ahirna ngaku kaelehan nana, sarta menta maaf pikeun kalepatan salila ieu ka purbasari.
Manehna menta dihampurakeun sagala kasalahan nana ka purbasari, sarta menta supardos henteu dihukum. Purbasari anu bageur, langsung ngahampurakeun sagala kasalahan kakana purbararang.
Sanggeus kajadian eta, ahirna maranehna sadaya balik ka karajaan. Purbasari ahirna jadi saurang ratu, di rendengan ku saurang lalaki idamana. Lalaki eta teu lain anu salila ieu maturan purbasari salami dileweung, nyaeta lutung kasarung.
3. Biruang coklat
Aya hiji biruang coklat awakna lintuh. Manehna sok kataji lamun ngadenge manuk ricit disarada nyanyi galumbira. Biruang hayangeun bisa nyanyi jeung heheotan tapi manehna teu mampuheun.
Dina hiji poe manehna kalangsu di kebon deukeut pilemburan. Manehna hookeun nempo budak angon anu keur niup suling, sorana halimpu naker. Biruang balik deui ka leuweung tuluy nyaritakeun pangalamannana ka si Peucang.
Hiji poe si Peucang ulin. Manehna nepi kana dapuran awi. Kusabab cape, manehna ngaso di tempat eta. Keur kitu, kadenge rereketan sora awi anu lumayan halimpu sanajan teu halimpu kawas sora suling. Ngadenge kitu, bijil sipat jailna. Manehna boga maksud ngaheureuyan babaturannana, nyaeta si Biruang.
Si Peucang lulumpatan neangan Biruang, ahirna si Biruang kapanggih keur mandi di hiji talaga. “Cang! yap urang ngeueum, hawa kacida panasna!”
“Hey Biruang..” ceuk Peucang. “Apanan anjeun resep musik, hayu milu ka kuring, urang tuduhkeun konser musik alami anu halimpu pisan.”
“Wah, nu bener Cang? Hayu urang indit!”
Ti kaanggangan Biruang ninggali Peucang bangun keur niup suling tina awi. “Cang, tibatan kuring ukur nempokeun, ajarkeun kuring maen suling,” ceuk Biruang bari ngadeukeutan Peucang.
“Heug bae, sok elelkeun letah anjeun, tapelkeun kana sela-sela suling awi anu panjang ieu,” ceuk Peucang.
Peucang gura giru ngaheot ngageroan angin. Teu lila ti harita angin niup ngahiliwir cukup keur ngeundeuk-ngeundeuk tangkal awi.
Awi ngareket, nyepet tungtung letah Biruang. Biruang ngajerit nyerieun untuk manehna gancang metot letahna.
Si Biruang sadar, yen dirina geus dibobodo ku si Peucang. Tapi manehna teu ambek, sabab reketna sora awi teh memang kadengena halimpu.
Si Biruang nepi ka sare tibra ngadengekeun sora awi rereketan anu kadenge halimpu pisan.
Itulah salah satu dongeng bahasa Sunda berjenis fabel yang menggambarkan tentang hewan yang bisa berbicara satu sama lainnya.
Sumber: Kumpulan Dongeng Si Kancil karya Adhi Mulyono
4. Sakadang Kuya
Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, ti isuk keneh nepi ka beurang manehana tacan keneh manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek.
Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Kie omongna “Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparoan” “Hade,” tembal Sakadang Monyet.
“Di mana?” Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh.
“Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok. Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna.
Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males. Dina hiji poe isukana, Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. Biwir sakadang kuya dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.
5. Sireum jeung Japati
Aya sireum rek nginum di sisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ”Tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”Heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna. Teu lila, japati buru-buru geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”Ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Sumber: Buku Raja Tanpaingan karya Ilham Nurwansah (2019)
6. Peucang Keuna ku Leugeut
Hiji poé Peucang ngadatangan kebon bonténg Pa Tani. Boréngna keur méujeuhna arasak. Am, Peucang ngahakanan bonténg. Sanggeus bonténgna méh béak, Peucang buru-buru indit ninggalkeun kebon Pa Tani. Teu pati lila, jol Pa Tani datang ka kebon.
Pa Tani pohara réuwas nempo bonténgna béak dihakanan Peucang. Pa Tani néangan akal pikeun néwak Peucang. Sanggeus ngarasa panceg, Pa Tani nyieun jajalmaan nu dibaluran ku leugeut.
Isukna, Peucang datang deui ka kebon Pa Tani. Peucang reuwas sabab di kebon aya jalma keur nangtung. Peucang panasaran, terus nyampeurkeun jajalmaan. Peucang nanya sababaraha kali, tapi teu ditémbalan. Peucang jadi keuheul.
Peucang najong jajalmaan, tapi sukuna jadi rapet. Ditajong deui ku sukuna nu tukang, sukuna rapet deui. Di teunggar ku huluna, huluna ogé milu rapet. Antukna Peucang ceurik ngageunggeuik, pasrah kana nasib.
Pak Tani pohara bungahna nempo Peucang rapet dina jajalmaan. Peucang nu geus teu walakaya di téwak ku Pa Tani. Ayeuna moal aya deui nu ngaruksak kebon Pa Tani.
Sumber: Piwuruk Basa: Basa Sunda karya Suhaya, S.I.P., M.Pd. (2006)
(MSD)
Frequently Asked Question Section
Apa itu dongeng Sunda sasatoan?

Apa itu dongeng Sunda sasatoan?
Dongeng Sunda sasatoan adalah dongeng berbahasa Sunda yang mengisahkan tentang cerita hewan.
Apa itu fabel?

Apa itu fabel?
Dongeng yang menceritakan kisah hewan yang berperilaku menyerupai manusia.
Apa tujuan pembuatan dongeng?

Apa tujuan pembuatan dongeng?
Dongeng dibuat untuk menyampaikan pesan-pesan baik kepada pembaca, khususnya anak-anak.
