8 Contoh MC Bahasa Sunda yang Singkat dan Menarik

Menyajikan beragam informasi terbaru, terkini dan mengedukasi.
·waktu baca 7 menit
Tulisan dari Kabar Harian tidak mewakili pandangan dari redaksi kumparan

Contoh MC bahasa Sunda diperlukan sebagai acuan apabila hendak memandu suatu acara menggunakan bahasa tersebut. MC atau pembawa acara yang berbahasa Sunda biasanya dibutuhkan untuk memimpin acara-acara bertema sunda.
Menurut Wiyanto dan Astuti (2002) Master Of Ceremony (MC) merupakan orang pertama yang berbicara dalam suatu acara. Kemampuannya dalam membawakan acara akan menentukan keberhasilan penyelenggaraan suatu acara (Hamama, dkk, 2022).
Memandu suatu acara artinya berkomunikasi dengan audiens. Komunikasi membutuhkan bahasa, semisal bahasa Sunda yang merupakan bahasa daerah dari Provinsi Jawa Barat yang memiliki undak usuk bahasa sebagai aturan (Wusqo dan Maelani, 2022).
Daftar isi
Daftar isi

Daftar isi
Contoh MC Bahasa Sunda
Berikut merupakan beberapa contoh MC bahasa Sunda yang dapat menjadi bahan acuan, baik dari segi tema, bahasa, maupun susunan bagian teksnya:
1. MC Acara Peringatan Hari Jadi Organisasi
"Bismillahirrahmanirrahim
Teu aya hirup anu kaitung akur pami teu acan ngaraosan kumpul. Teu aya warsa anu karasa atanapi teu acan ngalaman ditempa. Kenalkeun simkuring Jajang Nurjaman salaku panata acara dina raraga mièling ‘hari jadi organisasi Pamuda Prakarsa’ nu ka lima.
Assalamu’alaikum sareng salam sejahtera ka sadaya hadirin.
Dimimitian ku ngahaturan sukur ka Gusti nu Kawasa, hayu urang sami-sami inget-inget deui naon waè sakirana bungah jeung paheutna lalakonan salami ngajalankeun ieu organisasi, supados tiasa janten jalmi nu leuwih bijaksana kadituna.
Dinu acara mièling hari jadi nu ka 5 ieu, ijinkeun simkuring mandu acara ti mimiti dugi ka rèngsè, ngawengku sababaraha acara, nyaèta: bubuka, miaos du’a, sambutan sareng pembukaan resmi, unjuk video dokumenter, potong tumpeng, dugi panutup."
2. MC Pentas Seni
"Bismillahirrahmanirrahim
Seni dina kahirupan tos sakedahna dijagi sangkan hirup bisa nyeni, kanggo nguatkeun raga sinareng jiwa dina paheutna dunya nu beuki teu tiasa dipikaharti. Kenalkeun simkuring Elis Ambara salaku panata acara dina acara pentas anu ka 20 SMA Kerta Mukti.
Assalamualaikum wr. wb.
Hayu urang mimitian acara ieu ku panjatan syukur ka Gusti nu Maha Suci, dilajengkeun kanu sholawat sinareng salam ka baginda Nabi Muhammad saw., supaya acara ieu tèh dibaluran berkah ti mimiti dugi ka rèngsè.
Nu dipikahormat bapa kapala sekolah, jajaran ibu sareng bapa guru, dugi rèrèncangan sadaya nu ku simkuring banggakeun, ijinkeun simkuring ngabaca susunan acara dinten ayeuna, nyaèta, dimimitian ku bubuka, maoskeun ayat suci sareng du’a, sambutan, lebet ka acara inti, teras panutupan.
Supados teu nyangkrong kana waktos, ku kituna mangga ka bapa Dandi dipihaturanan linggih di panggung kanggo maoskeun ayat suci sareng mimpin du’a. (Tuturkan seluruh isi acara hingga akhir, dengan kalimat serupa).
Alhamdulillah, acara parantos rèngsè sadaya ku dipaparinan kalancaran ti Gusti Alloh. Ku kituna, simkuring salaku MC ngahaturkeun nuhun sinareng hpunteun pami seueur kalepatan dina sagala kata atanapi tingkah polah.
Wassalamualaikum wr. wb."
3. MC Pertemuan Keluarga
"Anu dipikahormat pun bapa, ibu, ka sadèrèk-sadèrèk anu dipikacinta. Langkung tipayun simkuring saparakanca sami-sami muji sukur ka Gusti Alloh, kalayan ni’mat sareng sukur-Na, kumargi urang tiasa sasarengan dipasihan kasempetan riung mungpulung dina acara (nami acara) di padumukan (nami keluarga).
Dina kasempetan ieu, tangtos simkuring saparakanca ngahaturkeun nuhun kana kasumpingan sadayana, supados tali silaturahmi beuki pageuh tur erat. Upami kitu, urang mimitian pikeun acara kahiji (tuturkan seluruh acara sampai akhir).
Sesudah acara selesai:
Alhamdulillah acarana tos rèngsè. Mudah-mudahan ieu acara tiasa diteruskeun unggal bulan atanapi unggal taun supados ngajaga duduluran urang. Hatur nuhun nu kasuhun."
4. MC Upacara Pernikahan
"Wilujeng ènjing sareng wilujeng sumping, simkuring saparakanca haturkeun ka sadayana anu parantos kersa ngahadiran upacara pangantèn ujang Marso sareng nèng Nining. Teu hilap dihaturkeun nuhun sateuacanna ka para hadirin.
Neuteup ramo sareng ngaos sukur ka hadirat Ilahi Rabbi anu parantos marengan léngkah-léngkah para hadirin dina acara Ijab Kabul putri Bapa Dani Abdullah sareng Ibu Siti Julaèha, sareng ogè putra Bapa Odang sareng Ibu Pratiwi.
Dinten ieu Jumaah kaping 7 Juli 2024 insya Alloh badè dilajengkeun acara akad nikah ujang Marso sareng nèng Nining. Sangkan prosesi Kabul Ijab tiasa lancar, hayu urang sasarengan tunduk sareng maos basmallah. “Bismillahirrahmanirrahim.”
Hadirin sadayana, susunan acara akad nikah dinten ieu nyaèta: 1). Wilujeng sumping ti pangantèn pameget, 2). Rangkaian upacara kawinan jeung prosesi du’a anu baris dipingpin ku Bapa Junaedi salaku Lebè Cilandak, 3). Sungkeman, sareng 4). Panutup."
5. MC Perpisahan Sekolah
"Nu ku simkuring pikahormat Bapa/Ibu Kapala Sakola MTsN Cisalak 1, Bapa/Ibu Guru Wali kelas kelas tujuh, dalapan, jeung salapan, teu hilap Dewan Guru miwah Bapa/Ibu/wali murid anu sami simkuring pikahormat.
Dina kasempetan anu girang ieu, hayu urang sanggakeun puji sinareng sukur ka hadirat Ilahi Rabbi, anu parantos maparin rohmatna sangkan dinten ieu urang tiasa riung mungpulung dina acara perpisahan siswa MTsN Cisalak 1.
Sholawat sinareng salam mugia salamina dicurahkeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad saw., ka kulawargina, sohabat, sareng umat Islam anu salawasna istiqomah dina ngalaksanakeun syariat Islam dugi ka akhir jaman. Aamiin.
Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh, parengkeun simkuring salaku panyatur ngaos kana agenda enjing ieu, nyaèta:
Bubuka,
Du’a,
Sambutan,
Acara inti: prosés masrahkeun ijazah,
Hiburan,
Panutup."
6. MC Acara Ulang Tahun
"Wilujeng siang ka barudak sareng ibu bapana sakantenan. Hatur nuhun sateuacanna atos kersa linggih ka ieu tempat kanggo mièling sareng sukuran nambihna warsa Neng Didit nu ka 10 taun, pas pisan dina tanggal sareng bulan ieu.
Abdi Lilis, salaku panata acara ngajak hadirin sadaya supaya tiasa sami-sami bagja dina dinten ieu. Ku kituna, hayu urang mimitian ku maoskeun du’a ka Gusti supaya acara ieu dipaparinan berkah sareng supaya neng Didit dijantenkeun putri nu berbakti.
Saatosna, kumargi ieu tèh acarana murangkalih, tos sakedahna susunan acara ngawengku sababaraha acara raramèan, sapertos 1) nganyanyikeun lagu ulang tahun, 2) motong kueh, 3) doorprize, dugi ka 4) masihan kado supados ngabubungah nu gaduh hajat.
Pami ditingali tinu raray sadaya nu hadir di ieu tempat tèh sigana tos teu sabar hoyong dimulai èta susunan acara raramèanna. Kumargi kitu, hayu urang taratih sadaya kanggo nganyanyikeun lagu ulang tahun sasarengan."
7. MC Acara Peringatan Kemerdekaan
"Assalamualaikum wr. wb.
Hadirin anu kusimkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng sukur ka Gusti Alloh Swt. anu tos maparinkeun rahmat sareng hidayahna ka urang sadaya, dugi urang tiasa kumpul di acara mièling kamerdèkaan ieu.
Teu hilap, shalawat sarta salam urang curahkeun ka baginda Nabi besar Muhammad saw., ka kulawargana, sahabatna, sareng ka umatna ti mimiti dugi ka akhir jaman.
Langkung tipayun, nu dipikahormat bapa kapala sakola, miwah bapa sareng ibu guru, kitu deui sakumna rerencangan sakola nu ku simkuring dipikadeudeuh. Dinten ieu, Alhamdulillah urang tiasa patepang di acara mièling kemerdèkaan nagara anu ka 79.
Peryogi diuningakeun deui ieu kagiatan tèh ngingetkeun urang sadaya kanu pengorbanan anu tos dipasrahkeun ku para pejuang nagara Indonesia kapungkur. Ku kituna, tos sakedahna urang neruskeun èta perjuangan ku jalan diajar nu giat sinareng bener.
Para hadirin sadaya, ijinkeun simkuring kanggo ngabacakeun susunan acara dinten ieu, nyaèta:
Bubuka,
Maoskeun ayat Al-Qur’an sinareng du’a,
Sambutan-sambutan,
Acara inti, sapertos pidato sareng sajabina,
Panutup.
Sakitu nu tiasa ku simkuring pihatur, supados teu nyangkrong kana waktos, hayu urang buka acara ieu sasarengan ku aosan basmallah. “Bismillahirrahmanirrahim”. Mangga urang lajengkeun ka acara salajengna.
Hatur nuhun."
8. MC Acara Syukuran Rumah
"Assalamu'alaikum wr. wb.
Sadérék sakantenan anu ku simabdi dipikahormat, langkung tipayun mangga urang panjatkeun heula puji sinareng syukur kahadirat Alloh Swt., sabab ku luhur limpahan nikmat sarta rahmatna urang ayeuna tiasa nyondong ka ieu tempat.
Mugi-mugi luhur kehadiran dina acara tasyakuran ieu tiasa masihan mangpaat ka urang saréréa, amin. Teu hilap ogé shalawat sinareng salam mugi-mugi tiasa kacurahkeun ka junjungan nabi ageung urang sadaya nyaéta Nabi Muhammad saw.
Dina raraga acara tasyakuran sakaligus minangka perkenalan simabdi ka bapa-bapa sareng wargi-wargi sakantenan anu tiasa nyondong ka ieu tempat, simabdi sakeluargi ngedalkeun rebuan nuhun umumna ka balarèa nu aya dilembur ieu dina nyumponan uleman dina wengi ieu.
Perkenalkeun simabdi atas nami kulawargi bapa Juna, Alhamdulillah ku berkat kahadirat Alloh Swt., luhur limpahan rahmatna pikanyaah sareng rizkina ku kituna abdi sakeluargi tiasa nempatan dibumi anu ènggal ieu.
Teu aya sanes sarta maksad tujuan abdi sekeluargi nyaéta badé nyuhunkeun du'a restu ka wargi-wargi sakantenan pikeun ngawidian dina nempatan bumi anyar ieu, sareng tatangga anu anyar dina balaréa lembur ieu.
Simabdi nyuhunkeun restu kanggo bumi ieu sareng nyuhunkeun dihampunten nu saageng-ageungna ka bapa sareng ibu, saderek sakantenan lamun aya perkawis-perkawis anu kirang ngawidian di haté para wargi-wargi sadayana.
Ku kituna, sumangga ditampi sagala leueuteun saaya-ayana bapa sareng ibu. Abdi salaku panata acara nyerahkeun ieu acara pun biang. Kumargi kitu, hatur nuhun perhatosanana sareng hapunteun pami aya kalepatan.
Wassalamu’alaikum wr. wb."
Itulah ulasan dari 8 contoh MC bahasa Sunda yang bisa dijadikan sebagai acuan memandu acara. Pembaca dapat mengembangkan ide terkait teks MC dalam bahasa Sunda dan lainnya dengan membaca berbagai sumber terpercaya.(NF)
Baca juga: 4 Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda untuk Referensi
