Konten dari Pengguna

2 Contoh Biantara Sunda Tentang Kebersihan Singkat

Ragam Info

Ragam Info

Ragam Info

·waktu baca 4 menit

comment
0
sosmed-whatsapp-white
copy-circle
more-vertical

Tulisan dari Ragam Info tidak mewakili pandangan dari redaksi kumparan

Ilustrasi contoh biantara sunda tentang kebersihan. Sumber: Pixabay/lograstudio
zoom-in-whitePerbesar
Ilustrasi contoh biantara sunda tentang kebersihan. Sumber: Pixabay/lograstudio

Contoh biantara Sunda tentang kebersihan singkat yang dapat dijadikan ide dalam membuatnya dapat ditemukan dalam internet. Contoh tersebut sangat membantu seseorang yang akan bertugas sebagai orator dalam suatu acara.

Pada dasarnya biantara adalah bahasa lain dari pidato. Sedangkan, biantara bahasa Sunda adalah sebuah pidato yang menggunakan bahasa Sunda dalam penyampaiannya. Umumnya pidato bertujuan untuk menyampaikan gagasan tertentu kepada masyarakat umum.

Contoh Biantara Sunda Tentang Kebersihan

Ilustrasi contoh biantara sunda tentang kebersihan. Sumber: Pixabay/Couleur

Dikutip dalam buku Pembelajaran Siswa Rawayan Basa Sunda untuk SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI oleh Suhandi, S.S. (2022:46) biantara merupakan suatu keterampilan berbicara untuk menjelaskan suatu perkara di depan umum. Biasanya biantara disampaikan dengan bahasa yang khusus dan bersifat resmi dengan bahasa Indonesia maupun bahasa daerah seperti bahasa Sunda.

Isi dari biantara yang akan disampaikan juga sangat beragam contohnya tentang kebersihan. Berikut contoh biantara Sunda tentang kebersihan.

Contoh 1 Tentang Menjaga Kebersihan Lingkungan

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Langkung tipayun hayu urang manjatkeun puji sareng syukur ka Dzat Nu Maha Agung. Ku Rohman sareng Rohim-Na, urang sadayana tiasa riung mungpulung di ieu patempatan dina rararaga acara kumpul wargi RT 1.

Solawat miwah salam mugi salamina dilimpah curahkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad saw, ka kulawargina, para sobahatna, para tabi’in atba’ut tabi’in, dugi ka urang sadayana mudah-mudahan kenging sapaatul udzma jaga di yaumil jaja wal hisab. Aamin ya robbal alamin.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat. Kasehatan mangrupi salah sawios ni’mat Gusti nu kalintang awisna. Kumargi sakitu, payus pisan upami urang tiasa ngajagina. Kumaha carana ngajagi sareng nyukuran ni’mat sehat?

Salah sawiosna nyaeta ku jalan ngajaga kabersihan awak urang sareng kabersihan lingkungan. Awak sareng lingkungan anu beresih moal gampil kakeunaan ku panyawat.

Ngajagi kabersihan lingkungan gampil pisan disebatkeun nana sareng gampil dilakonan kantun urang kersana. Carana nyaéta ulah miceun runtah di mana wae, rajin kokored di buruan, sareng getol sasapu

Upami sadayana warga guyub dina ngajaga kabersihan lingkungan urang, tanwande lembur urang bakal bararesih matak pikabetaheun sareng tebih tina panyawat.

Kumargi kitu, hayu urang sasarengan ngajagi kaberesihan bumi katut buruanna sewang-sewangan, oge sasarengan gotong royong meresihan sarana umum sapertos jalan, pancuran sareng solokan.

Hadirin nu ku simkuring dipihormat. Sakitu anu tiasa kadugikeun, hapunten boh bilih aya kalimah anu matak tugenah. Mudah-mudahan urang salawasna kalebet ka jalma nu tiasa ngajaga kabersihan margi saur katerangan oge kabersihan teh bagean tina iman.

Wassalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Contoh 2 Tentang Menjaga Kebersihan Diri

Assalamualaikum Wr. Wb.

Wilujeng Enjing Sadayana? Bapa, Ibu Guru anu ku sim abdi dipihormat, sareng sadaya rerencangan anu kusim abdi dipikanyaah. Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji syukur ka Allah nu parantos masihan waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara.

Para hadirin anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sehat sadidinten ku cara anu sehat oge. Sapertos meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, nah eta mangrupakan conto hirup anu sehat anu sederhana.

Conto sanesna dei, lamun dilingkungan sakola nyaeta urang kedah miceun sampah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham, sareng ngalaksanakeun kawajiban piket di sakola.

Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang oge jadi bersih.Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur biantara singket ti sim abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Baca juga: 2 Contoh Pidato Persuasif Tentang Narkoba Singkat dalam Bahasa Indonesia

Dengan mengetahui 2 contoh biantara Sunda tentang kebersihan singkat di atas, semoga dapat membantu pembanca yang sedang membuat pidato seperti ini. (MRZ)