Konten dari Pengguna

2 Cerita Wayang Sunda Pendek yang Menghibur

Seputar Bandung
Menyediakan informasi serba serbi Bandung, mulai dari travel, kuliner, sejarah, dan lainnya.
23 November 2023 13:12 WIB
·
waktu baca 4 menit
comment
0
sosmed-whatsapp-white
copy-link-circle
more-vertical
Tulisan dari Seputar Bandung tidak mewakili pandangan dari redaksi kumparan
Ilustrasi Cerita Wayang Sunda, sumber: unsplash/CDC
zoom-in-whitePerbesar
Ilustrasi Cerita Wayang Sunda, sumber: unsplash/CDC
ADVERTISEMENT
sosmed-whatsapp-green
kumparan Hadir di WhatsApp Channel
Follow
Cerita wayang Sunda pendek bisa dibaca untuk memperkaya wawasan tentang kesusasteraan lokal. Selain itu, cerita bertema wayang tersebut juga bisa dijadikan sebagai referensi untuk tugas sekolah.
ADVERTISEMENT
Umumnya, ada nilai moral yang bisa dipetik setelah membaca cerita wayang tersebut. Oleh karena itu, penting sekali untuk memahami makna yang terkandung di dalam cerita agar dapat memetik hikmahnya.

Cerita Wayang Sunda Pendek

Ilustrasi Cerita Wayang Sunda, sumber: unsplash/MichalParzucowski
Mengutip Buku Ajar Bahasa Indonesia untuk SMA/MA Tingkat Dasar oleh Asyhari Dwi Rukmana, dkk (2022), wayang merupakan seni pertunjukan yang telah ditetapkan sebagai warisan budaya asli Indonesia. Adapun contoh cerita wayang Sunda pendek yang bisa dijadikan referensi yakni sebagai berikut.

1. Si Kabayan Ngala Nangka

Dina hiji mangsa, Si Kabayan keur leleson barijeung ngalamun di harepeun rorompokanana, saliwat oge mikiran roay, tutut sareng lauk anu diala kamari.
"Kabayan pang ngalakeun nangka. Pilihan anu kolot buahna," parentah mitohana ka Si Kabayan.
Jung we Si Kabayan mangkat ka kebon. Saentos dugi ka kebon, Si Kabayan ningalian tangkal nangka anu buahan. Ajeunna milarian buah nu geus kolot. Teu pati lami Kabayan ningali hiji nangka nu kolot tur ageung. Teras we diala. Ku sabab eta nangka teh ageung, Kabayan teu kuateun nangkatna.
ADVERTISEMENT
"Ieu mah hese nyandakna moal kaduga abdi mah," Kabayan nyarios dina hatena.
"Kumaha cara nyandakna ieu teh" saurna deui.
Ku sabab kebon teu pati jauh sareng walungan, eta nangka dipalidkeun ku Si Kabayan.
"Jung balik ti payun, pan geus gede," parentah Kabayan ka nangka. Tuluy we Si Kabayan balik ka imah.
Barang dugi ka imah, Si Kabayan ditaros ku mitohanana.
"Kenging teu nangka teh kabayan?" tanya mertuanya.
"Enya kenging atuh, nya ageung, kolot deui," saur Kabayan.
"Mana nangkana? Geuning anjeun datang lengoh," tumaros mitohana.
"Har naha teu acan dugi kitu? Padahal geus balik ti payun tadi," tembal Kabayan.
"Ari anjeun tong bobodoran, teu aya caritana nangka bisa balik sorangan," mitohana rada bendu.
ADVERTISEMENT
"Hah, nu bodo mah nangka atuh, geus kolot teu apal jalan balik," saur ceuk kabayan tuluy we bari ngaleos.

2. Pandawa Mangkat

Yudistira naék gunung Himalaya minangka lalampahan pamungkasna. Sanggeus mangsa wiwitan Kali Yuga sarta maotna Kresna, Yudistira sadulur léngsér nurunkeun tahta karajaan ka hiji-hijina turunan maranéhanana anu salamet dina perang rongkah di Kurusetra, Parikesit, incuna Arjuna.
Kalawan ninggalkeun sagala hal kadunyaan, para Pandawa ngalakonan lalampahan pamungkas maranéhanana ku cara ziarah ka Himalaya.
Waktu naék ka punclut, Drupadi jeung Pandawa sadulur hiji-hiji – pupus, kasered ku kasalahan sarta dosa maranéhanana anu saéstuna. Tapi Yudistira sanggup ngahontal punclut gunung, alatan manéhna henteu cacad ku dosa sarta kabohongan.
Watek Yudistira anu saéstuna mecenghul waktu ahir Mahabarata. Di luhur punclut gunung, batara Indra datang pikeun mawa Yudistira ka Sawarga jeung karéta kancananna.
ADVERTISEMENT
Waktu Yudistira ngaléngkah ngadeukeutan karéta, sang Indra ngajurungna ambéh ninggalkeun anjing anu jadi batur lalampahanana, alatan mahluk nu teu suci henteu meunang asup ka sawarga. Yudistira mundur ka tukang, nampik pikeun ninggalkeun mahluk anu salila ieu ditangtayunganana.
Indra jadi héran – "Manéh sanggup ninggalkeun dulu sarta henteu ngabeuleum layon maranéhanana...tapi manéh nampik pikeun ninggalkeun anjing anu teu nyaho jalan!".
Yudistira némbalan, "Druadi jeung dulur-dulur kuring geus ninggalkeun kuring, lain kuring nu ninggalkeun maranéhanana."
Dina waktu éta kénéh si anjing robah wujud jadi Batara Darma, bapana, anu keur nguji dirina. Yudistira dibawa indit ku karéta Indra. Dina waktu ngahontal sawarga manéhna henteu manggihan dulur-dulurna anu soléh atawa pamajikanana, Drupadi.
Tapi manéhna nempo Duryodana katut baladna anu jahat. Sang Batara ngabéjaan yén barayana keur aya di naraka pikeun nebus dosa leutik maranéhanana, samentara Duryodana aya di surga saprak manéhna gugur di pakalangan anu diberkahan, Kurukshetra.
ADVERTISEMENT
Yudistira kalawan ihlas indit ka naraka pikeun nepungan barayana, tapi tetempoan sarta sora anu ngarautan haté jeung getih kentel ngajadikeun manéhna sieun.
Waktu tergoda pikeun kabur, manéhna ngawasa diri sarta hawar-hawar ngadéngé sora Drupadi jeung barayana nu dipikacinta...nyambat dirina, ngajurungna pikeun cicing di sagédéngeun maranéhanana dina kasangsaraan.
Yudistira mutuskeun pikeun cicing di naraka, sarta ngajurung sangkan kusir karétana balik ka sawarga...sabab manéhna milih pikeun cicing di naraka bareng jeung jalma-jalma hadé batan hirup di sawarga jeung jelema jahat.
Dina waktu éta tetempoan robah. Saterusna Indra ngomong yén Yudistira keur diuji deui, sarta sabenerna dulur-dulurna geus aya di sawarga. Sanggeus nampa kanyataan kasebut, Yudistira ngalaan warugana sarta nampa sawarga.
Dina waktu éta tetempoan robah. Saterusna Indra ngomong yén Yudistira keur diuji deui, sarta sabenerna dulur-dulurna geus aya di sawarga. Sanggeus nampa kanyataan kasebut, Yudistira ngalaan warugana sarta nampa sawarga.
ADVERTISEMENT
Cerita wayang Sunda pendek yang disebutkan di atas menggambarkan keberagaman literasi di Indonesia. Dengan begitu, siswa akan mengenal lebih dekat kebudayaan wayang melalui bahasa Sunda sebagai pengantarnya. (DLA)