Konten dari Pengguna

2 Khutbah Idul Fitri 2026 Bahasa Sunda yang Inspiratif

Berita Hari Ini

Berita Hari Ini

Menyajikan informasi terkini, terbaru, dan terupdate mulai dari politik, bisnis, selebriti, lifestyle, dan masih banyak lagi.

·waktu baca 5 menit

comment
0
sosmed-whatsapp-white
copy-circle
more-vertical

Tulisan dari Berita Hari Ini tidak mewakili pandangan dari redaksi kumparan

Ilustrasi shalat Idul Fitri. Foto: Unsplash
zoom-in-whitePerbesar
Ilustrasi shalat Idul Fitri. Foto: Unsplash

Hari Raya Idul Fitri diawali dengan shalat berjamaah sebagai penanda berakhirnya ibadah puasa Ramadhan sebulan penuh. Setelah shalat, akan ada sesi jemaah mendengarkan khutbah yang berisi ajaran-ajaran Islam.

Di berbagai wilayah, khutbah kerap disampaikan menggunakan bahasa daerah agar pesan lebih mudah dipahami. Nah, Bahasa Sunda menjadi salah satu yang sering digunakan, khususnya di Jawa Barat.

Khutbah Idul Fitri 2026 Bahasa Sunda

Ilustrasi khutbah idul fitri 2026 bahasa Sunda. Foto: Pexels

Dihimpun dari laman NU Online dan LTN Nahdlatul Ulama Jawa Barat, berikut beberapa contoh khutbah Idul Fitri 2026 yang bisa dijadikan sebagai referensi:

Khutbah 1

Jamaah shalat Idul Fitri anu dimulyakeun ku Allah!

Alhamdulillahi rabbil 'alamin, hayu urang sami-sami muji sareng muja ka gusti Allah SWT anu parantos masihan nikmat iman sareng Islam. Kalayan rahmat-Na urang tiasa ngalaksanakeun ibadah puasa Romadhon tur ayeuna ngahontal dinten anu agung, nyaeta Idul Fitri.

Shalawat sareng salam mugia dilimpahkeun ka junjungan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, tur ka kulawargina, para sahabatna, sareng ka urang salaku umatna dugi ka akhir zaman.

Ma’asyiral Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh!

Ngalangkungan mimbar ieu, khotib seja wasiat ka diri pribadi sareng ka jamaah sadayana hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT ku cara ngalaksanakeun sagala parentah-Na oge ninggalkeun sadaya larangan-Na.

Takwa tiasa janten salah sahiji ciri tina puasa anu dilakonan kalayan leres. Hal ieu sakumaha dawuh Mantena dina Al-Qur’an Surat Al-Baqarah ayat 183: "Hei jalma-jalma anu ariman, diwajibkeun ka maraneh puasa sakumaha diwajibkeun ka umat samemeh maraneh supaya maraneh jadi jalma anu takwa.”

Saur ajeuna, puasa teh tiasa ngaruh kana katakwaan margi nalika hiji jalma ngosongkeun beuteungna ku ngalakonan puasa, maka syahwatna bakal ngurangan. Salajengna, nalika syahwatna ngurangan dina diri jalma eta maka manehna bakal ngurangan kana ngalakonan dosa jeung maksiat.

Lamun urang tiasa ngajaga puasa, dina harti sanes ngan saukur nahan lapar jeung haus, tapi oge tiasa ngajaga awak, lisan, sareng hate tina sagala hal anu dilarang ku Gusti Allah SWT, maka éta tiasa jadi ciri yen puasa urang téh ditampi ku Manténna tur saluyu sareng tujuan diparentahkeunana puasa ka umat Islam.

Ciri puasa urang ditampi ku Allah tiasa ditingali ti samet ayeuna dugi ka salajengna. Upami saatosna urang ngalakonan puasa di bulan Romadhon kamari ibadah urang tetep stabil, syukur-syukur tiasa ningkat, maka eta tiasa jadi ciri yen puasa urang ditampi ku Allah.

Saatosna urang ngalaksanakeun ibadah puasa di bulan Romadhon kamari, muga-muga urang sadayana dilebetkeun ku gusti Alloh ka golongan jalma anu bertakwa. Amiin ya robbal alamin...

Khutbah 2

Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar

Sagala puji kagungan gusti anu maha suci shalawat salam mugi salamina disanggakeun ka kangjeng Nabi Muhammad SAW katut kulawarga shahabat sareng ka sadaya umatna anu mutaba’ah ka anjeuna tug dugi ka yaumil kiyamah.

Sajagad raya umat Islam di dunia dinten ieu nuju ngarasa bungah bahagia kulantaran tos beres ngalaksakeun dua kawajiban nyaeta ibadah puasa sareng zakat fitrah. Saur pidawuh Rasulullah SAW, “Pikeun nu puasa aya dua kabungah nyaeta nalika buka sareng naliku tepung jeung Allah jaga di akherat”.

Ayeuna umat Islam kudu ngarasa bungah sabab urang tos berhasil ngalakonan puasa dina sabulan lilana, pamugi wae puasa urang jeng sagala ibadahna ditarima ku Allah SWT.

Hadirin hadirot jama’ah ‘Id rohimakumulloh!

Dinten Lebaran, sanes ngan sakadar dinten pikeun jadi ajang ngabudalkeun kabungah jeung kasugema, hura-hura anu teu aya hartina, tapi oge kudu jadi ajang renungan, pikeun naliti diri ,tina pagawean to’at jeung ma’siat, geusan ngawangun lambaran kahirupan anu baris kasorang, poe isukan jeung saterusna dina mangsa anu panjang, sangkan tinemu jeung kabagjaan, aya dina ridlo jeung ampunan Alloh anu maha Kawasa.

Rengse ngalaksanakeun ibadah mahdloh, ibadah anu langsung antara urang sareng Alloh swt,nyaeta ibadah puasa di pungkas ku ibadah sosial, mangrupa zakat fitrah, sodaqoh jeung kahadean anu sejenna, dina hubungan urang jeung papada urang. Mangga urang lengkepan deui ku silatur rahmi, sili anjangan, sili tepangan, ka Ibu rama, tatangga, baraya anu deukeut anu anggang, urang sili hampura, sili lubarkeun tina rupa-rupa dosa jeung kasalahan.

Aya kamungkinan dosa anu dihaja, mungkin anu teu dihaja, urang sasalaman patatarema panangan, urang raketkeun rasa kaduluran, boh dulur nasab turunan, atawa dulur ihwan sa-Iman, sapanjang aya di dunya, memeh datang panggilan ngahadep Mantenna.

Aya tilu ancaman anu di uningakeun ku Rosululloh saw, anu gede patalina dina hubungan urang jeung urang, anu matak ngahalangan bisana asup ka Syurga pangeran. kahiji anu megatkeun kaduluran, kadua anu doraka ka indung bapa, katilu anu ngantep kulawargana dina pagawean dosa.

Hasil tina ibadah puasa, urang sadaya hususna, kaum muslimin umumnya, tiasa mawas diri tina pangaruh budaya deungeun anu asup ka lingkungan urang boh nu ngaliwatan koran buku-buku, majalah, tayangan-tayangan tivi, anu matak ngaruksak kana akidah, lahirna pamusyrikan-pamusyrikan, pamurtadan, ngaruksak akhlak, marakna kabejadan moral, perjudian, pemabokan, perkosaan, pembunuhan jeng sajabana, anu ngaruksak harepan jeung masa depan bangsa.sabab nu diturutanana lain nu alusna ceuk agama, tapi sabalikna anu teu akur jeung tatakrama.

Hadirin hadirot jama’ah ‘Id rohimakumulloh!

Pamungkas do’a, mugia puasa urang sareng ibadah sanesna di tampi ku Aloh swt, kalepatan kahilafanana mugia Alloh berkenan masihan ampunan ka urang sadayana.

Mugia taufik hidayah di pasihkeun ka urang sadaya,pikeun mapag poe isuk jeung saterusna.

Mudah-mudahan ieu hutbah aya guna sareng manfa’atna, pikeun anu ngadugikeunana, oge mudah-mudahan aya emutaneun pikeun anu ngadangukeunana. Amiin ya robbal alamin...

Menjelang Lebaran, tradisi mudik kembali menjadi perjalanan yang penuh makna untuk pulang dan berkumpul bersama keluarga. Melalui semangat #KebaikanBersama, kumparan menghadirkan beragam informasi seputar mudik, dari kondisi rute perjalanan, tips mudik, hingga rekomendasi kuliner khas daerah.

Temukan info selengkapnya di kum.pr/mudik2026.

Baca Juga: 2 Khutbah Idul Fitri 2026 Bahasa Jawa yang Penuh Makna

(SA)