50 Soal Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 2 dan Kunci Jawaban Selengkapnya

Menyajikan beragam informasi terbaru, terkini dan mengedukasi.
·waktu baca 10 menit
Tulisan dari Kabar Harian tidak mewakili pandangan dari redaksi kumparan

Pekan ini, banyak SD di berbagai daerah tengah melaksanakan Sumatif Tengah Semester (STS) semester genap. Seiring dengan itu, soal Bahasa Sunda kelas 5 semester 2 dan kunci jawaban pun mulai dicari sebagai bahan persiapan ujian.
Menurut laman repositori.kemdikbud.go.id, Bahasa Sunda adalah muatan lokal di wilayah Tatar Sunda yang diajarkan di sekolah. Ujian mulok ini biasanya dijadwalkan pada hari-hari terakhir ujian, sesuai kebijakan sekolah atau daerah.
Karena itu, penting bagi siswa untuk mempersiapkan diri dengan soal latihan yang relevan. Soal yang lengkap dengan jawaban akan membantu siswa lebih siap dan memahami materi dengan lebih mendalam sebelum ujian berlangsung.
Daftar isi
Daftar isi

Daftar isi
Soal Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 2 dan Kunci Jawaban
Berdasarkan berbagai sumber, termasuk YouTube “Soal Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 2” dan “Bahasa Sunda Kelas 5” (Santi Pardila), berikut adalah deretan soal Bahasa Sunda kelas 5 semester 2 dan kunci jawaban selengkapnya:
A. Pilihan Ganda
Perhatikeun potongan teks bacaan di handap pikeun ngajawab pertanyaan no 1-3!
Anu dianti-anti pisan téh di antarana panggung hiburan. Anu maranggungna ogé warga di dinya kénéh, hasil latihan aya kana sabulanna. Barudak ogé sok boga hancengan unggah ka panggung, mintonkeun kasenian.
Anu kaitung getol ngalatih barudak téh Kang Gilang. Katurut pisan ku barudak, bari loba kabisana, hususna dina ngacapi. “Ayeuna urang latihan rampak sekar, nyaéta ngawih babarengan,” ceuk Kang Gilang waktu ngumpulkeun barudak.
Saha cenah anu pang getolna dina ngalatih barudak téh?
a. Mang Adang
b. Kang Gilang
c. Pak Gilang
d. Warga
(Kunci jawaban: b)
Biasana, warga nu badé manggung latihan heula salami … (teks di no. 1)
a. Sabulan
b. Dua bulan
c. Sataun
d. Saabad
(Kunci jawaban: a)
Kang Gilang ngajak barudak latihan rampak sekar. Rampak sekar téh nyaéta … (teks di no. 1)
a. Alat Musik
b. Kasenian Sunda anu ditakol
c. Ngawih babarengan
d. Ngawih sorangan
(Kunci jawaban: c)
Perhatikeun kawih ieu nu judulna Karatagan Pamuda Indonésia!
Rempung jukung pamuda Indonésia
Tingkahna waspada, ariatna
Raksa jaring, raga sukma
Kukuh pengkuh kuat nahan cocoba
Lemah cai merdékana abadi
Urang kabéh pada kagiliran
Teguh nempuh perjuangan rakyat
Indonesia ngajunjung darajat bangsa
Dina sapadalisan, pupuh ieu diwangun ku … jajar.
a. Hiji
b. Dua
c. Tilu
d. Opat
(Kunci jawaban: d)
Dina pupuh di luhur aya kata “ariatna” nu hartina … (teks di no. 4)
a. Gagabah
b. Asal-asalan
c. Arati-ati
d. Kaduhung
(Kunci jawaban: c)
Mang Dadang biasa ditunjuk jadi juru kawih. Naon hartina juru kawih téh?
a. Nu ngahaleuang dina pagelaran wayang
b. Nu ngalakonan wayang
c. Nu sok ngibing
d. Tukang ngawih
(Kunci jawaban: d)
Alat kasenian has Sunda anu ditiup jeung biasa dipaké dina kendang penca disebut …
a. Bonang
b. Tarompét
c. Suling
d. Saron
(Kunci jawaban: b)
Di handap ieu nyaéta istilah kasenian nu patali jeung jalma, iwal …
a. Kacapi
b. Dalang
c. Sinden
d. Nayaga
(Kunci jawaban: a)
TMII nyaéta singkatan tina …
a. Taman Main Indonesia Indah
b. Taman Mini Indonesia Indah
c. Taman Makan Indonesia Indah
d. Taman Malam Indonesia Indah
(Kunci jawaban: b)
Sakumaha legana TMII téh?
a. Lega pisan
b. Sakitu
c. Ratusan héktar
d. Saméter
(Kunci jawaban: c)
Naon tujuanna diwangun Taman Mini?
a. Keur nuduhkeun kabeungharan budaya Indonésia
b. Supaya bisa pamér ka batur
c. Keur ngabubungah présiden Indonésia
d. Supaya aya tempat wisata
(Kunci jawaban: a)
Hirup urang téh …, beurang peuting aya nu sok ngusik malikkeun.
a. Dogdog pangréwong
b. Darma wawayangan
c. Ngadu angklung
d. Ngélmu angklung
(Kunci jawaban: b)
Si ujang mah sok doraka ka kolot sorangan, indung hayang dahar kalah ka diantep.
Paribasa anu luyu pikeun kalimah di luhur nyaéta …
a. Goong nabeuh angklung
b. Kawas wayang pang sisina
c. Ngélmu angklung
d. Darma wawayangan
(Kunci jawaban: a)
Karangan anu ditulisna dina bentuk pada (bait) téh disebut ogé …
a. Prosa
b. Kawih
c. Sajak
d. Carpon
(Kunci jawaban: c)
Pek baca teks di handap ieu pikeun ngajawab pertanyaan nomer 15-18!
Reboisasi Agustusan
Taun ieu mah Agustusan di Désa Kahuripan téh moal direuah-reuah. Kitu anu diumumkeun ku Pa Lurah ka masarakat. Ari anu jadi alesanana duméh warga di Désa Cigintung loba anu katiba musibat alam.
“Piraku urang téga ngayakeun raraméan, ari tatangga, malah dulur urang anu mangkuk di Cigintung loba nu keur susah,” saur Pa Lurah.
Ari rék nyanghareupan bulan Agustus, urang Kahuripan sok aya nu hideng ngumpulkeun sumbangan. Sok ditungtut waé dipéntaan. Harita gé sumbangan téh geus aya nu ngumpul.
Désa Kahuripan jeung Désa Cigintung téh tepung wates, ukur kahalangan ku Walungan Cikaréo. Walungan éta anu minggu ka tukang caah déngdéng gé. Cai téh ngadulindagna ka lebah Cigintung, sabab tempatna aya di handap.
Dua taun ka tukang gé kungsi aya caah déngdéng, ngan harita mah teu gedé teuing. Anu kaléléd téh ukur sawah jeung balong di sisi walungan. Ari anu ayeuna mah cai téh asup ka lembur, tepi ka loba imah anu kakeueum, malah aya anu terus rusak.
Warga Désa Kahuripan teu tulus ngareuah-reuah pésta Agustusan, sabab …
a. Ngarasa teu téga mun kudu raraméan dina kaayaan tatangga désa keur kamusibahan
b. Duit sumbangan anu dikumpulkeun ti warga masih kénéh kurang
c. Sakabéh warga diwajibkeun kudu melakkeun binih tatangkalan
d. Can aya anu ngagerakeun masarakat désa pikeun ngayakeun acara
(Kunci jawaban: a)
Unggal rék nyanghareupan bulan Agustus, sok aya nu hideng ngumpulkeun sumbangan nyaéta … (teks di no. 15)
a. Masarakat anu keuna musibat
b. Pa Lurah jeung réngrénganna
c. Masarakat Désa Kahuripan
d. Warga Désa Cigintung
(Kunci jawaban: c)
Naon ceunah wates anu ngahalangan Désa Cigintung jeung Désa Kahuripan téh? (teks di no. 15)
a. Caah déngdéng
b. Walungan Cikaréo
c. Sawah jeung balong
d. Lembur sisi walungan
(Kunci jawaban: b)
Dua taun ka tukang, anu kaléléd ku caah déngdéng téh nyaéta … (teks di no. 15)
a. Sawah jeung walungan
b. Sawah jeung balong
c. Walungan jeung balong
d. Walungan jeung lembur
(Kunci jawaban: b)
Baca sajak di handap pikeun ngajawab pertanyaan nomer 19-21!
Lalaki jeung runtah
Karya: Ai Lala
Lalaki kolot ngoprot késang
Mawa sapu jeung gorobag
Nyokotan runtah nu pasoléngkah
Saban poé taya kacapé
Bau runtah teu dipaliré
Kalayan ihlas dipigawé
Alatan manéhna lingkungan jadi éndah
Kuman-kuman nu ngabalukarkeun musibah
Ngabecir nyingkah
Urang sok nyapirakeun
Taya rasa rumasa
Mopoholeun kana jasana
Anu dimaksud lalaki dina sajak di luhur nyaéta …
a. Jalma nu geus dianggap jadi runtah masarakat
b. Tukang rongsokan atawa tukang anu néangan rejeki tina runtah
c. Anu ngabecir sanggeus nempo kuman
d. Anu sok cicing dina tumpukan runtah
(Kunci jawaban: b)
Éta lalaki téh kuurang sok disapirakeun, sabab … (teks di no. 19)
a. Sok tara bebersih
b. Sok nyokotan barang bari teu bébéja
c. Pakéanna butut bari pagawéanna dianggap rendah
d. Taya gunana pikeun masarakat
(Kunci jawaban: c)
Sajak karya Ai Lala di luhur ngingetan urang yén … (teks di no. 19)
a. Runtah téh sumber kuman jeung panyakit
b. Urang téh kudu rajin bebenah
c. Mulungan barang tina wadah runtah bisa ngahasilkeun duit
d. Ari ngahargaan jalma téh ulah nempo tina papakéanna wungkul
(Kunci jawaban: d)
Mun di girang hujan lila bari gedé, geus pasti lembur handapeunana kabanjiran.
Kecap ‘girang’ dina kalimah di luhur ngabogaan harti …
a. Tempat patepungan tungtung walungan jeung laut
b. Lahan leuwih luhur anu jadi tempat datangna cai
c. Bagian walungan anu jero
d. Sisi laut
(Kunci jawaban: b)
Lamun aya jalma anu ngantunkeun, sok dikurebkeun di …
a. Huma
b. Astana
c. Talaga
d. Galengan
(Kunci jawaban: b)
Taneuh anu posisina diluhureun sina manjang jadi wates kotakan sawah disebut …
a. Astana
b. Pertelon
c. Galengan
d. Huma
(Kunci jawaban: c)
Perhatikeun sajak di handap!
(1) Kalayan ihlas dipigawé
(2) Lalaki kolot ngoprot késang
(3) Bau runtah teu dipaliré
(4) Saban poé taya kacapé
(5) Nyokotan runtah nu pasoléngkah
(6) Mawa sapu jeung gorobag
Pek susun sajak di luhur sangkan eusina kaharti …
a. 1-2-4-5-3-6
b. 2-1-3-4-5-6
c. 2-6-5-4-3-1
d. 1-4-5-6-2-3
(Kunci jawaban: c)
Kadaharan lulugu téh nyaéta …
a. Kadaharan poko
b. Kadaharan tina sayur
c. Jajanan
d. Cemilan
(Kunci jawaban: a)
Kadaharan anu bahan pokona sayuran atawa lalab nyaéta …
a. Soto, gado-gado
b. Tumis, karédok
c. Kupat tahu, rujak
d. Buntil, gulé
(Kunci jawaban: b)
Di handap ieu, kadaharan anu didamelna tina sangu nyaéta …
a. Leupeut, kupat
b. Lemper, kupat
c. Papais, lemper
d. Nagasari. Papais
(Kunci jawaban: a)
Pakakas anu teu bisa dipaké nyangu nyaéta …
a. Aseupan
b. Langseng
c. Kastrol
d. Katél
(Kunci jawaban: d)
Dua kecap anu digabungkeun terus ngandung harti anyar disebut …
a. Kecap paréntah
b. Kecap kantétan
c. Kecap bewara
d. Kecap pananya
(Kunci jawaban: b)
“Herman ngarasa atoh, sabab dibéré hayam katé ku uwana.”
Kecap kantétan dina kalimah di luhur nyaéta …
a. Ngarasa atoh
b. Dibéré hayam
c. Hayam katé
d. Ku uwana
(Kunci jawaban: c)
Di handap ieu, anu kaasup kana kecap kantétan nyaéta …
a. Anggrék bulan
b. Ngarasa atoh
c. Meunang ngagoréng
d. Nganggo pager
(Kunci jawaban: a)
Kalimah anu digunakeun pikeun ngabréhkeun rasa, upamana waé gumbira, kagét, geuleuh, nyer, jeung keuheul disebut …
a. Kalimah berita
b. Kalimah tanya
c. Kalimah panyeluk
d. Kalimah paréntah
(Kunci jawaban: c)
Di handap ieu anu kaasup kalimah panyeluk nyaéta …
a. Anak gajah gé gedé
b. Sagedé naon anak gajah téh?
c. Ambuing, anak gajah téh mani gedé kitu!
d. Éta téh anak gajah.
(Kunci jawaban: c)
Ku ayana gunung api, bisa ngalantarankeun musibat …
a. Gunung bitu
b. Urug
c. Sunami
d. Tornado
(Kunci jawaban: a)
B. Isian Singkat
Dina lagu “Karatagan Pamuda Indonésia,” anu kudu tanggung jawab ka nagara Indonésia téh nyaéta …
(Kunci jawaban: pamuda Indonésia)
Istilah kasenian nu patali jeung alat kasenian téh di antarana nyaéta …., alat kasenian tina awi anu sok ditiup.
(Kunci jawaban: tarompét)
Pagelaran wayang anu bahanna tina kai nyaéta …
(Kunci jawaban: wayang golék)
Lamun hayang nempo … mah kudu ka Sumedang atuh, Din!
(Kunci jawaban: Lodaya)
Basa aya caah déngdéng, cai téh ngagulindagna ka lebah Cigintung sabab tempatna aya di …
(Kunci jawaban: handap)
Judul sajak anu dikarang ku Ai Lala téh nyaéta …
(Kunci jawaban: Lalaki jeung runtah)
Sajak éta nyaritakeun hiji jalma anu …
(Kunci jawaban: néangan rejeki tina runtah/ sok disapirakeun ku urang/ dll)
Dina sajak, aya anu disebut pada, dina bahasa Indonésia disebut ogé …
(Kunci jawaban: bait)
Biasana nu ngantunkeun sok dimakamkeun di … anu belah wétan.
(Kunci jawaban: astana)
Bédana karédok jeung loték téh nyaéta, karédok mah sayuranna atah mun loték mah sayuranna …
(Kunci jawaban: diseupan heula)
Conto kadaharan anu dijieuna tina sangu nyaéta …
(Kunci jawaban: leupeut, kupat, dll)
Urang Sunda mah tacan tuang lamun can tuang jeung …
(Kunci jawaban: sangu)
“Horéh saminggu deui téréh libur sakola!”
Kalimah di luhur mangrupikeun kalimah panyeluk anu ngabréhkeun rasa …
(Kunci jawaban: gumbira)
Musibat alam anu patali jeung cai nyaéta …
(Kunci jawaban: caah)
Musibat anu dilantarankeun ku seuneu nyaéta …
(Kunci jawaban: kahuruan)
Itulah deretan soal Bahasa Sunda kelas 5 semester 2 dan kunci jawaban selengkapnya. Semoga ulasan tersebut dapat menambah wawasan dan menjadi jalan dipermudahnya siswa dalam meraih hasil terbaik yang diinginkan. (NF)
Baca juga: 90 Soal ANBK Kelas 5 dan Kunci Jawaban yang Dapat Dipelajari
